Lompat ke isi

Ali Khamenei

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas
Ayatollah Ali Khamenei, 2016

Ayatollah Ali Hosseini Khamenei nyaéta ulama Syiah Iran anu jadi pamingpin agung Iran ti taun 1989 nepi 2026. Saacanna, anjeunna kungsi jadi présidén Iran ti taun 1981 nepi ka 1989.

Ayatollah Khamenei tilar dunya dina serangan Israél-Amérika Serikat taun 2026, sanggeus saacanna berhasil salamet tina serangan sarupa Juni 2025.

Cutatan

[édit]
  • "If people get into the habit of using their free time for reading books, our society will greatly advance and the country's culture will progress."
    • Upami jalma-jalma téh ngabiasakeun mangsa luangna pikeun maca buku, masarakat urang téh bakal kacida nyongcolangna sarta budaya ieu nagara téh bakal maju.
  • "Freedom is the gift of God and the Revolution. Freedom belongs to the people and is their fundamental need."
    • Kabébasan téh mangrupakeun berkah ti Pangéran, kitu ogé Révolusi. Kabébasan téh milik jalma-jalma sakaligus kabutuhan dumasarna.
  • "Being culturally dominated is even more perilous than being economically and politically dominated. Why? The reason is that when a nation culturally dominates another nation, the national identity of the nation that is held under domination is lost. … Cultural interchange is a good thing. Cultural invasion is something horrific. Cultural interchange usually happens when a nation is prosperous. Cultural invasion takes place when a nation is feeble."
    • Ditindas sacara budaya téh tétéla leuwih picilakaeun dibanding ditindas sacara ékonomi sarta ditindas sacara politik. Naha? Alesanna téh nyaéta nalika hiji bangsa nindes bangsa séjénna sacara budaya, idéntitas bangsa éta téh aya handapeun éta tindesan téh leungit... Patukeuran kabudayaan téh hal anu hadé. Inpasi kabudayaan téh hiji hal anu matak ngerik batin. Patukeuran kabudayaan téh biasana kajadian nalika hiji bangsa téh makmur. Inpasi kabudayaan téh kajadian nalika hiji bangsa téh lemah.
  • "First, you should grow up. Then study hard and become a scientist and be useful to Islam. Live a healthy life for 80 or 90 years, and then become a martyr."
    • Kawitna mah hidep téh kedah tumuwuh. Teras diajar sing getol sareng janten ahli élmu sarta mangpaat pikeun agama Islam. Hirup anu séhat dugi ka 80 atawa 90 taun, sareng teras anjeun tiasa janten syuhada.