Anas Al-Sharif
Anas Al-Sharif nyaéta jurnalis Paléstina sarta videografer média Al-Jazeera, anu dipikawanoh ku réportase anjeunna ti garis hareup génosida Israél di Gaza kalér. Anjeunna kungsi meunang panghargaan Pulitzer Prize Breaking News Photography pikeun karya potograpi anjeunna anu "nyata tur gawat" salila ngadokuméntasikeun kaayaan Gaza.
Anas Al-Sharif tilar dunya di taun 2025, dina serangan Israél anu ngahaja nargétkeun anjeunna sarta sababaraha jurnalis lainna, di ténda pangungsian luareun Rumah Sakit Al-Shifa di Kota Gaza.
Cutatan
[édit]This is my will and my final message. If these words reach you, know that Israel has succeeded in killing me and silencing my voice.
First, peace be upon you and Allah’s mercy and blessings. Allah knows I gave every effort and all my strength to be a support and a voice for my people, ever since I opened my eyes to life in the alleys and streets of the Jabaliya refugee camp. My hope was that Allah would extend my life so I could return with my family and loved ones to our original town of occupied Asqalan (al-Majdal). But Allah’s will came first, and His decree is final.
I have lived through pain in all its details, tasted suffering and loss many times, yet I never once hesitated to convey the truth as it is, without distortion or falsification – so that Allah may bear witness against those who stayed silent, those who accepted our killing, those who choked our breath, and whose hearts were unmoved by the scattered remains of our children and women, doing nothing to stop the massacre that our people have faced for more than a year and a half.
I entrust you with Palestine – the jewel in the crown of the Muslim world, the heartbeat of every free person in this world. I entrust you with its people, with its wronged and innocent children who never had the time to dream or live in safety and peace. Their pure bodies were crushed under thousands of tons of Israeli bombs and missiles, torn apart and scattered across the walls. I urge you not to let chains silence you, nor borders restrain you. Be bridges toward the liberation of the land and its people, until the sun of dignity and freedom rises over our stolen homeland.
I entrust you to take care of my family. I entrust you with my beloved daughter, Sham, the light of my eyes, whom I never got the chance to watch grow up as I had dreamed. I entrust you with my dear son, Salah, whom I had wished to support and accompany through life until he grew strong enough to carry my burden and continue the mission. I entrust you with my beloved mother, whose blessed prayers brought me to where I am, whose supplications were my fortress and whose light guided my path. I pray that Allah grants her strength and rewards her on my behalf with the best of rewards.
I also entrust you with my lifelong companion, my beloved wife, Umm Salah (Bayan), from whom the war separated me for many long days and months. Yet she remained faithful to our bond, steadfast as the trunk of an olive tree that does not bend – patient, trusting in Allah, and carrying the responsibility in my absence with all her strength and faith. I urge you to stand by them, to be their support after Allah Almighty.
If I die, I die steadfast upon my principles. I testify before Allah that I am content with His decree, certain of meeting Him, and assured that what is with Allah is better and everlasting. O Allah, accept me among the martyrs, forgive my past and future sins, and make my blood a light that illuminates the path of freedom for my people and my family. Forgive me if I have fallen short, and pray for me with mercy, for I kept my promise and never changed or betrayed it.
Do not forget Gaza. And do not forget me in your sincere prayers for forgiveness and acceptance.
- Ieu mangrupakeun wasiat sareng amanat panungtung sim kuring. Upami serat ieu dugi ka anjeun sadaya, terangkeun yén Israél parantos hasil ngabunuh sim kuring sarta mareuman sora sim kuring.
- Sateuacanna, mugi kasalametan sarta rahmat sareng berkah Allah aya pikeun urang sadaya. Allah mikaterang yén sim kuring tos masihan sagala usaha sarta sagala kakuatan sim kuring pikeun jadi dukungan sareng sora kanggo dulur-dulur sim kuring, ti sim kuring muka soca kana kahirupan di gang-gang sareng jalan-jalan kamp pangungsian Jabaliya. Harepan sim kuring téh mugi Allah manjangkeun yuswa sim kuring supados sim kuring tiasa uih sareng kulawargi sim kuring sarta sadaya anu sim kuring pikaasih ka lembur matuh sim kuring, Asqalan (al-Majdal) anu dijajah. Nanging kersa Allah langkung ti payun, sarta katangtosan Mantenna parantos mutlak panungtung.
- Sim kuring parantos hirup nandangan kapeurih dina sagala rupi jéntréna, ngarasakeun kasangsaraan sarta kaleungitan anu deui-deui tumiba, nanging sim kuring henteu pernah barang sakali asa-asa pikeun nepikeun bebeneran sakumaha ayana, tanpa aya nu diréka-réka atanapi dipalsukeun - supados Allah anu nyakséni ka jalma-jalma anu ngabisu, jalma-jalma anu narima ditelasanna kuring sadaya, jalma-jalma anu mareuman napas kuring sadaya, sarta jalma-jalma anu manahna henteu kagerak ku pasolengkrahna jasad murangkalih sarta kaum wanoja urang sadaya, henteu ngalakonan nanaon pikeun ngeureunkeun pangbantéyan anu tos karandapan ku dulur-dulur urang sadaya leuwih ti sataun satengah.
- Sim kuring mercantenkeun Paléstina ka anjeun sadaya – mustika dina makuta dunya Muslim, degap jajantung sakabéh jalma anu merdika di dunya ieu. Sim kuring mercantenkeun rahayatna ka anjeun sadaya, sakaligus jeung murangkalihna anu dizaliman sarta beresih tina dosa anu teu gaduh waktos kanggo ngimpén atawa hirup dina kaamanan jeung kadaméyan. Raga sucina diancurkeun handapeun rébuan ton bom sareng misil Israél, rajét tur pasoléngkrah sumébar kana témbok. Sim kuring ngadesek anjeun piken ulah ngantep ranté mareuman sora anjeun, atawa tapal wates ngahalangan anjeun. Jadi sasak ka arah pambébasan taneh ieu jeung rahayatna, dugi ka panonpoé martabat sarta kabébasan medal di luhureun lemah cai urang sadaya anu direbut.
- Sim kuring mercantenkeun ka anjeun kanggo ngajagi kulawargi sim kuring. Sim kuring mercantenkeun ka anjeun putri sim kuring anu dipikadeudeuh, Sham, kembang soca sim kuring, anu ku sim kuring teu tiasa kénging kasempetan kanggo nyaksikeun anjeunna tumuwuh déwasa sakumaha ku sim kuring impénkeun. Sim kuring mercantenkeun ka anjeun putra sim kuring, Salah, anu sim kuring harepkeun tiasa ku sim kuring rojong sarta sarengan salila hirupna dugi ka anjeunna tumuwuh cekap kuat kanggo nanggung beban sim kuring sarta ngalajengkeun misina. Sim kuring mercantenkeun ka anjeun biang sim kuring anu dipikadudeuh, anu du'a-du'ana nu diberkahan tiasa nyandak sim kuring dugi ka dimana ayeuna sim kuring aya, anu du'a-du'ana janten pananggeuhan sim kuring sarta cahayana nunjukkeun jalan sim kuring. Sim kuring ngadu'a mugi Allah masihan anjeunna kakiatan sareng maparin anjeunna ganjaran anu panghadéna dina nami sim kuring.
- Sim kuring oge mercantenkeun ka anjeun réncang satia saumur hirup sim kuring, istri sim kuring pamatri ati, Umm Salah (Bayan), anu dipisahkeun ti kuring ku perang ieu salila poé jeung bulan. Nanging anjeunna tetep satia kana beungkeutan urang duaan, panceg sapertos watang tangkal jetun anu moal melung - tabah, percaya ka Allah, sarta ngemban tanggung jawab nalika sim kuring nuju tebih, kalayan sakumna kakiatan sarta kaimananana. Sim kuring ngadesek anjeun sadaya pikeun kersa nyarengan aranjeunna, janten pangrojong aranjeunna saparantos Allah Nu Maha Kawasa.
- Upami sim kuring tilar dunya, sim kuring tilar dunya panceg dina prinsip-prinsip sim kuring. Sim kuring nyakséni di payuneun Gusti Allah yén sim kuring ridho kana sagala papastén-Na, yakin yén baris tepung sareng Anjeunna, sarta yakin yén sagala rupi anu aya sareng Allah téh leuwih hadé sarta lana. Ya Allah, mugi kersa nampi sim kuring di antawis para syuhada, sarta ngahapunten dosa-dosa sim kuring boh nu tos kalangkung atanapi anu bakal dongkap, sarta jantenkeun getih sim kuring cahaya anu nyaangan jalan kamerdikaan pikeun kulawarga sareng bangsa sim kuring. Hapunten sim kuring upami parantos nguciwakeun, sarta du'akeun sim kuring kalayan welas asih, margi sim kuring parantos nuhunkeun kana jangji sarta teu kungsi robah pon kuitu deui moal khianat.
- Tong hilap ngeunaan Gaza. Sarta tong hilap ka sim kuring dina doa-doa anjeun anu tulus pikeun pangampunan sareng panarimaan.
Tutumbu Luar
[édit]Amanat panungtung Anas Al-Sharif sateuacan anjeunna tilar dunya.