Lompat ke isi

Barack Obama

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas
Barack Obama

Barack Hussein Obama II (lahir 4 Agustus 1961) téh saurang pulitikus Amérika anu kungsi ngajabat présidén Amérika Sarikat ka-44 ti taun 2009 nepi ka 2017. Anjeunna lahir di Hawaii, anak ti bapana asalna ti Kénya jeung indungna ti Kansas. Anjeunna meunang pamilihan présidén taun 2008 jeung kapilih deui dina bulan Nopémber 2012. Salaku anggota Partéy Démokrat Amérika, anjeunna jadi présidén Afrika-Amérika anu kahiji. Saméméh jadi présidén, anjeunna ngawakilan distrik ka-13 salila tilu mangsa jabatanna di Sénat Illionis ti taun 1997 nepi ka 2004, tuluy ngajabat salaku sénator Amérika ti Illionis ti tanggal 4 Januari 2005 nepi ka 16 Nopémber 2008. Dina mangsa présidén, anjeunna meunang Hadiah Nobél Perdamaian taun 2009.

Cutatan

[édit]
  • Kapercayaan abdi kana mangsa hareup urang babarengan téh asalna tina rasa hormat ka jembar jeung muliana sajarah India—hiji peradaban anu geus ngawangun dunya mangpuluh-puluh abad. Urang India geus muka pamahaman kana jeroan awak manusa jeung kaagungan jagat raya. Henteu kaleuleuwihi mun disebut yén jaman informasi ayeuna téh asal-usulna tina inovasi India—kalebet angka nol…. Tibatan kabagi-bagi ku paséa, anjeun nunjukkeun yén kakuatan India—sanes ukur nagarana, tapi gagasan India—nyaéta kamampuhan pikeun narima sagala warna, kasta jeung kapercayaan… Ieu téh kabeungharan ageman anu kungsi dipuji ku saurang tamu ka kota abdi, Chicago, leuwih ti saratus taun ka tukang—nya éta Swami Vivekananda anu kasohor…. India henteu ngan ukur muka pikiran urang, tapi ogé ngalegaan imajinasi moral urang. Kalawan kitab-kitab ageman anu nepi ka ayeuna masih ngajak jalma-jalma pikeun hirup kalawan harga diri jeung kadisiplinan. Kalawan saurang panyair anu ngabayangkeun mangsa hareup “di mana pikiran bébas tina sieun jeung sirah nangtung jangkung”—sareng kalawan saurang lalaki anu pesenna ngeunaan kanyaah jeung kaadilan masih hirup—Bapa bangsa anjeun, Mahatma Gandhi.
    • Barack Obama. Dicutat tina Gewali, Salil (2013). Great Minds on India. New Delhi: Penguin Random House.
  • "Masa depan masihan pangajén pikeun anu terus maju. Abdi teu boga waktos pikeun hanjakal ka diri sorangan. Abdi ogé teu boga waktos pikeun ngeluh."
  • “Masa depan dunya Arab ditangtukeun ku rahayatna sorangan.”
  • “Ku unggal lampahna, pamaréntah Muammar Qaddafi geus ngalanggar nilai susila umum jeung norma internasional, sarta kudu dipertanggungjawabkeun.”
  • “Pamaréntah Libya terus ngalanggar hak asasi manusa, ngalakukeun kalakuan kasar ka rahayatna, sarta ancaman ieu geus micu kutukan anu kacida teuas jeung lega ti masarakat internasional.”
  • “Manéhna téh jalma anu pinuh ku kakuatan jeung boga bakat anu gedé.”
  • “Indonésia geus maénkeun peran gedé di forum internasional dina sababaraha taun ka tukang sarta urang ngasuh (nyambut) pisan kana peran ieu.”
  • “Nepika kana tingkat anu saur abdi cukup ngaganggu, kalawan ngaluarkeun pernyataan anu henteu didukung ku fakta-fakta.”