Citakan:Pidangan

Samoja
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis // hiji jangji pasini na rasmining wanci // mangsa samoja jongjon kembangan // duh eulis, langit lénglang // angin rintih dina ati, aduh
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung // aya jangji pasini nu henteu ngajadi // mangsa samoja geus ngarangrangan // duh ieung, langit angkeub // samagaha dina haté, duh
Ayeuna kantun waasna, jungjunan // lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan // kamari nu pamit, kamari nu pamit // datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan // lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan // kamari nu leungit, kamari nu leungit // rék lebeng mo deui datang.
Sariak Layung
Sariak layung di gunung // iber pasini patepung lawung // teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung // eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung // jalan satapak rarambu leuweung // kumalangpang ronghéap nu kapitineung // eeh, ronghéap nu kapitineung, duh
Surya surup layung hibar // ka tanjakan sawangan diumbar // geus ngolébat, ieuh, samar-samar // hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang // katitipan haréwos kamelang // tawis deudeuh, ieuh, nu maranti // sungkeman kahéman saranggeuy malati.
Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun // Diaping ku indung peuting // Lalaunan ngalayangna // Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna // // Ngalayang ka awang-awang // Rék nepangan ka nu tebih // Nepungan ka urang gunung // Malati di pinggir pasir // Kakara pisan ligarna // Kapendakna tacan lami // Katuruban dangdaunan // Kaheumpikan nagasari
Kembang diburu dirungrum // Sawengi henteu kawangi // Patapan henteu kalénglang // Raraosan mah sawarsi // Emh aduh raraosan mah sawarsi
Hawar-hawar sora hayam // Ciri parantos janari // Nu nyumput téh humarurung // Teungteuingeun milik diri // Harianeun teuing kadar // Misahkeun anu keur asih // Kembang nganggo dihalangan // Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur // Indit hate mah murilit // Duuuh indit hate mah murilit
Pidangan omong inohong
[édit]- Anu ka 1: Oto Iskandar di Nata
- Anu ka 2: Didi Widiatmoko
- Anu ka 3: Héndarso
- Anu ka 4: Déwi Sartika
- Anu ka 5: Ustad Abdul Somad
- Anu ka 6: Ir. Soekarno
- Anu ka 7: Chairil Anwar
- Anu ka 8: Douglas Adams
- Anu ka 9: Carl Sagan
- Anu ka 10: Steve Jobs
- Anu ka 11:
- Anu ka 12:
- Anu ka 13: Asép Sunandar Sunarya
- Anu ka 14: Chitra Banerjee Divakaruni
- Anu ka 15: Bacharuddin Jusuf Habibie
- Anu ka 16: Susan Sarandon
- Anu ka 17: Ariana Grande
- Anu ka 18: Barack Obama
- Anu ka 19: Koko Koswara
- Anu ka 20: Gusdur
- Anu ka 21: Aa Gym
- Anu ka 22: Timothy Leary
- Anu ka 23: Abdel Aziz al-Rantissi
- Anu ka 24: Soe Hok Gie
- Anu ka 25: Martin Luther King, Jr.
- Anu ka 26: Kang Ibing
- Anu ka 27: Imam Syafé'i
- Anu ka 28: John F. Kennedy
- Anu ka 29: Muhamad Musa
- Anu ka 30: Méméd Sastrahadiprawira
- Anu ka 31: Mochamad Ridwan Kamil