Mohammad Bakri (sinéas Paléstina)
Mohammad Bakri nyaéta aktor sakaligus sutradara Paléstina, anu ogé dinilai jadi salah sahiji inohong punjul dina sajarah perpileman Paléstina. Salah sahiji karyana anu paling katelah, nyaéta pilem dokuménter, Jenin, Jenin, sarta pilemna nu pang anyarna nyaéta All That's Left of You anu dirilis taun 2025.
Mohammad Bakri tilar dunya taun 2025, dina yuswa 72 taun.
Cutatan
[édit]- Sabra and Shatila shook Israel in a fashion that Gaza sadly did not today.
Sabra sareng Shatila ngoyagkeun Israél dina hiji kaayaan anu, hanjakalna, teu kajantenan ku Gaza ayeuna.
- Let me tell you about the Palestinian film industry. Very simply, we do not have one. We have some very talented film-makers, but that's about it. We have no film schools and we have no studios. We have no infrastructure because we have no country.
Sim kuring pasihan terang ka anjeun ngeunaan industri pilem Paléstina. Saderhana pisan, urang teu gaduh sama sekali. Urang migaduh sababaraha sinéas anu berbakat pisan, tapi kitu hungkul. Urang teu gaduh sakola pilem sarta urang teu gaduh studio. Urang teu gaduh inprastruktur lantaran urang teu gaduh nagara.
- Let me use a popular proverb: “The chicken thief is always touching his head,” fearing that a feather might be stuck there. They stole the land and claimed historical ownership based on an exclusionary ideology; anyone who rejects this is labeled an aggressor and heretic and must be excluded to ensure their continued existence. Unfortunately, the international system does not hold them accountable, and many Arab states ally with them unconditionally.
Idinan sim kuring nganggo paribasa katelah: "Maling hayam téh tuluy nyabakan sirahna," kasieunan yén buluna téh tingaleun di dinya. Maranéhna maok taneuh sarta ngaku kapamilikan sajarah dumasar kana idéologi pangasingan; saha waé ano nolak ieu téh baris dicap salaku pihak anu nyerang sareng sasar sarta kudu diasingkeun pikeun mastikeun katerasan kahirupanna. Hanjakalna, sistem internasional henteu nungtut akuntabilitas maranéhna, sarta loba nagara Arab téh ngadukung maranéhna tanpa sarat.
- In conclusion, we will not surrender, and we will continue to resist through art.
Kasimpulanna, urang sadaya moal sumera, sarta urang sadaya bakal teras ngalawan nganggo seni.
- We had a cinema in a town that had no electricity. The noises emanating from the projector were louder than the sound of the films.
Urang miboga bioskop di kota anu teu aya listrikna. Sora-sora anu mancar tina proyéktorna téh leuwih tarik dibanding sora tina pilemna.
- Arab artists are anxious about working with us, especially in Egypt, home of the biggest film and TV industry in the region. When Egyptian authorities are preventing aid convoys from entering Gaza through the Rafah crossing, it cannot allow a Palestinian actor like me to be part of its cinema.
Seniman-seniman Arab téh hariwang pikeun didamel sareng arurang, utamina di Mesir, imah ti industri perpileman sarta télépisi pangbadagna di wilayah ieu. Nalika otoritas Mesir nyegah konpoi bantuan pikeun lebet ka Gaza ngaliwatan pameuntasan Rafah, éta téh teu bisa ngidinan aktor Paléstina siga sim kuring pikeun jadi bagéan ti perpilemannana.