Méméd Sastrahadiprawira
Mantri Jero
[édit]Bubuka
Rebun-rebun halimun pasusun-susun // rarimbunan tatangkalan // wawangunan jeung kakayon siga disangsangan kasang // sasampayan boéh rarang.[1]
Raong hayam kongkorongok, sorana palambat-lambat // ti langit beulah wétan marabat pating arudat – balebat // cét manuk disarada, manuk cacing cangkurileung // témbalan jeung saéran, ngabagéakeun katineung: Ayana ngagebur hurung.[1]
Kinanti
Gunung-gunung semu ngungun // pasir siga nu prihatin // alum sugri tatangkalan // kawas nu marilu sedih // mangnineungkeun ka ajengan // rék ditilar ku kakasih.[2]
Biheung bulan biheung taun // iasa patepang deui // jeung anu rék ngalalana // indit sepi nu disungsi // angkat samar nu ditéang // sumangsang ka kersa Gusti.[2]
Maskumambang
Aduh Gusti naha kaniaya teuing // teu aya rasrasan // sim abdi dituding-tuding // ngalampahkeun kahinaan[1]
Biheung teuing moal kumelendang deui // kabawa ku kadar // katarik ku milik diri // unggah ka balé watangan[1]
Tapi najan buang jauh gantung tinggi // tetep nya percaya // kana kaberesihan diri // da henteu rumaos dosa[1]
Ngan sakadar enggeus némbongkeun kaasih // ngambat sipat anak // bijil tina ati suci // medal tina kaweningan[1]
Sugan tea mah moal dibeuli ku pati // ditumpang ku nyawa // duh Gusti Robbul Idjati // mugi kersa nangtayungan[1]
....