Badak Jeung Ganggarangan

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas

Dina hiji powe singa didareuheusan ku sagala sato. Badak, nu goreng bangunna sarta hanteu serewel, ganggarangan bangunna cangkěr sarta serewel; jadi sagala sato pada ngarubung ka ganggarangan bae, jeung pada maruji tegěpna, cangkěrna jeung serewelna; sato-sato arasih kadinya diajak sosobatan. Ari badak mah pada ngajeunkeun bae, taya nu miroseya, malah lamun hanteu sariyeuneun ku rosana, pada maroyok bae, tina goreng patutna , badigulna jeung dagilna. Tacan aya sabulan lawasna singa geus leuwih duwa puluh prakara narima piunjuk ganggarangan ngistorikeun baturna, teu ku hanteu bae dipigorengna, ari ti badak mah tacan aya hiji prakara ngagorengkeunnana ka batur-baturna, malah rěměn mere kahakanan; sagala sato-sato geus nyaho, yen ganggarangan goreng atina, purah istori, badak anu lungguh sarta saleh.

Dina waktu kumpulan deui, kabeh sato -sato pada ngadareukeutan ka badak, lumah-lameh nandakeun ngajak sosobatan, katenjo ku singa yen sato kitu pamolahna, beda jeung sasari, singa mariksa ka patihna, nya eta gajah, pokna: Kumaha sababna eta sato-sato kabeh mana beda jeung sasari? tadina sěmu arasih ka ganggarangan, ayeuna bět pada ngarubung ka badak, sěmu asih kadinya? Patih gajah ngawalon: Sumuhun timbalan, tadina kabeh pada arasih ka ganggarangan, sabab serewelna, ahir-ahir kapanggih cidrana, hadena ngan watěs biwir, hanteu těrus kana ati, hade anu cicing teya, ěnya sajongjongan hanteu matak resep , tatapi lila- lila karasa hadena.

Hartina : jalma hade ati, běněr lampah , sanajan hanteu matak résẽp sajongjongan, laun-laun dipikarěsép; kitu deui jalma manis lamběy, sekeudeung matak résép, laun-laun matak geuleuh.