Bagong Jeung Meyong Tutul

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Aya hiji bagong keur ngasah sihung dina tangkal kosambi, digeunggeureuhkeun ku meyong tutul, pokna: Maneh teh keur naon? Wangsulna: Kami keur ngomean pakarang paranti ngalawan musuh, bisi aya satru rek nganiaya ka kami. Carek meyong tutul teh: Rasa kami mah teu pati pěrlu, sababna tacan aya musuh pikarisieun maneh. Carek bagong: Nya eta sababna ku kami nu matak dikědap, ari geus beh mah musuh, mowal kaur ngasah sihung, ngan kari: tarung bae, leuwih hade sadiya samemeh nĕpi kana gawena. Hartina iyeu dongeng: nu pintěr ati-ati keur mangsana salamět; ngingětkeun atawa nyadiyaän baris nu pikapakeeun mangke, bakal nulak balai; ari datang kana mangsana ngan kari make bae; sagala kalakuan nu kasĕlĕpĕk, arang-arang aya hasilna, nya leuwih hade sadiya ti awalna.