Lompat ke isi

Citakan:Pidangan/10

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas

Sir Winston Leonard Spencer-Churchill (30 Nopémber 1874 – 24 Januari 1965) nyaéta saurang politikus, perwira militér, sarta panulis asal Britania Raya. Anjeunna kungsi ngajabat minangka Perdana Mentri Britania Raya ti taun 1940 nepi ka 1945, nyaéta dina mangsa anjeunna mingpin Britania nepi ka meunang kameunangan dina Perang Dunya Kadua, sarta anjeunna ngajabat deui ti taun 1951 nepi ka 1955.

Sapanjang karirna minangka Anggota Parlemén (MP), Churchill ngawakilan lima daérah pamilihan anu béda. Dina widang idéologi pulitik, anjeunna kaasup kana golongan ékonom liberal sarta ogé imperialis. Sabagian gedé karir pulitikna dilaksanakeun minangka anggota Partéy Konservatif, anu anjeunna pimpin ti taun 1940 nepi ka 1955. Sanajan kitu, dina periode taun 1904 nepi ka 1924, anjeunna kungsi jadi anggota Partéy Liberal.

Cutatan

[édit]
  • "Jalma pésimis sok ningali kasusah dina unggal kasempetan. Jalma optimis sok ningali kasempetan dina unggal kasusah."
  • "Sikep téh mangrupa kalakuan leutik anu bisa ngahasilkeun béda anu gedé."
  • "Pikeun ngahontal kasuksésan, henteu cukup lamun urang ngan saukur ngalakukeun anu pangalusna. Sakapeung urang kudu ngalakukeun naon anu memang diperlukeun."
  • "Teu aya invéstasi anu leuwih hadé pikeun hiji masarakat salian ti méré susu ka orok. Masarakat anu séhat mangrupakeun asét panggedéna anu bisa dipiboga ku hiji nagara."
  • "Nyarios jujur téh alus, tapi nyarios anu bener mah leuwih penting."
  • "Kabeneran teu bisa dibantah. Kajahatan bisa waé nyerang éta, jeung kabodoan bisa waé ngahina éta, tapi tungtungna mah kabeneran tetep aya."

Ngeunaan kahébatan

[édit]
  • “Ajén tina hiji kahebatan téh nyaéta tanggung jawab.”
    • Dicutat tina: Yudowidoko, Didik Wahadi. (2004) Primakata Mutiara Cerdik Cendikia. Diédit ku Din Muhyidin. Jakarta: Penerbit Abdi Pertiwi. Kaca 88.