Citakan:Pidangan/14
Pidangan
Chitra Banerjee Divakaruni (29 Juli 1956) téh saurang panulis jeung panyair asal India-Amérika, ogé ngajabat minangka Profésor Nulis Betty jeung Gene McDavid di Program Nulis Kréatif Universitas Houston.
Cutatan
[édit]- Novél ieu lahir tina gabungan antara kunjungan-kunjungan anu kungsi ku kuring dilakukeun ka Kolkata jeung pamikiran sorangan ngeunaan rusiah kulawarga (enya, kulawarga kuring ogé boga!). Kuring karasa yén éta téh hiji unsur anu ngalangkungan budaya jeung nagara nyaéta rusiah kulawarga, hal-hal anu dianggap matak éra atawa bahaya nepi ka disumputkeun ti batur. Jeung sabaraha beurat éta téh bisa jadi. Kuring ogé mikiran kumaha héséna hirup akur bari ngabogaan bédana bisa nimbulkeun loba pasalia jeung kasedih, boh dina widang pulitik anu lega boh dina lingkungan imah. Kabéh ieu ngagabung jadi hiji dina Oleander Girl.
- Dina wawancara ngeunaan novélna Oleander Girl dina “An Interview With Chitra Banerjee Divakarani” di Bookslut (Agustus 2013).
- Kuring henteu nyangka boga carita pikeun dicaritakeun… Pindah ka budaya anu béda pisan jeung diajar hirup sorangan ngajadikeun kuring ningali dunya leuwih écés…. Kuring mikiran India leuwih ti batan saméméhna. Kuring sadar kana hal-hal anu ku kuring dipikareueus tina éta nagara; kahaneutanana, kadeukeutan kulawarga anu lega, jeung kumaha spiritualitas ngageugeuh kana budaya. Tapi kuring ogé ngaku aya masalah, hususna ngeunaan kumaha awéwé sok diperlakukeun.
- Ngeunaan kumaha pangalaman imigrasina ngabentuk tulisanna dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).
- Mangsa leutik, kuring sok ngaliwatkeun liburan jeung aki di hiji désa leutik anu perenahna kira-kira tilu jam ti Kolkata. Peutey, aki sok ngumpulkeun kuring jeung dulur-dulur, ngahirupkeun lampu minyak tanah sabab euweuh listrik, tuluy nyaritakeun rupa-rupa dongéng anu éndah tina carita rahayat, dongéng, nepi ka épos. Kadang-kadang anjeunna nyaritakeun carita kulawarga, atawa ngarang carita jurig. Waktu harita kuring ngarasa resep, tapi can nyadar sabaraha gedéna pangaruh éta hal pikeun kuring. Ti dinya kuring ngarti kana kakuatan carita, jeung kumaha ngaliwatan dongéng téh, loba pisan hal anu bisa ditepikeun jeung diturunkeun ti generasi ka generasi.
- Ngeunaan pangéling-ngéling pangheubeulna ngeunaan dongéng dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).
- …sawatara tokoh téh aya nu leuwih androgini ku alam atawa ku pangaruh lingkungan. Tapi sabada kuring terus nulis, kuring ngajadikeun éta hiji tujuan pikeun ngembangkeun diri ku cara nulis tina sudut pandang boh lalaki boh awéwé. Kuring ogé panasaran kumaha aya awéwé anu teu simpati kana masalah awéwé séjén, utamana nalika maranéhna geus kolot jeung meunang kalungguhan anu miboga kakawasaan ka awéwé séjén. Hubungan antara awéwé jeung tarung kakawasaan anu timbul téh matak pikaresepeun. Kuring hayang ngajajah kanyataan yén perkara ieu teu saderhana ngan saukur ku ngomong yén lalaki téh jahat, lalaki wungkul anu jadi penjahatna…
- Ngeunaan ngajajah kompléksitas jender dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).
- Waktu kuring nulis Arranged Marriage, loba awéwé dina éta buku téh karasaeun nyorangan… Ayeuna mah henteu kitu deui pikeun awéwé anu datang ka dieu. Maranéhna boga aksés kana hikmah anu diturunkeun ti generasi ka generasi, ti mimiti resep masakan, cara ngadidik budak, nepi ka kumaha ngungkulan masalah jeung salaki. Kasempetan pikeun aya kakerasan ogé leuwih saeutik, sabab kakaerasan rumah tangga téh biasana tumuwuh dina kaayaan nyorangan. Ayeuna urang ningali kakerasan anu leuwih jarang, sahenteuna dina generasi anyar. Aya leuwih loba akuntabilitas.
- Ngeunaan kumaha pangalaman awéwé imigran India robah ti saprak kumpulan carita pondokna anu munggaran dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).
- Éta tangtu pisan geus mangaruhan kana tulisan kuring. Kuring sok nyelapkeun kecap-kecap Bengali di antara kecap Inggris sabab kuring hayang aya anyaman basa. Sababaraha konsép tina basa Bengali téh sok hésé ditarjamahkeun, tapi kuring hayang éta tetep boga peran. Ieu hal anu rada rumit. Kumaha carana nyelapkeun éta tanpa kudu nambahan catetan katerangan leutik? Kumaha carana nulis sangkan sakaligus bisa ngondang sakabéh pamiarsa kana buku kuring, tapi ogé bisa nyieun tékstur husus anu bakal leuwih dihargaan ku jalma-jalma anu asal basa na sarua?
- Ngeunaan nyelapkeun basa Bengali dina tulisanna dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).
- Kadaharan téh mangrupakeun simbol anu penting. Ieu leuwih penting keur para imigran, sabab jadi hiji hal anu dipiharep bisa terus dibawa jeung gampang diciptakeun deui, sanajan dina mangsa awal mah hésé pisan lantaran can loba toko India. Para imigran diajar nyieun pangganti, saperti ngagunakeun Bisquick pikeun gulab jamun, trik-trik saperti kitu. Kuring ogé resep kana kadaharan dina kahirupan pribadi. Tapi dina buku-buku kuring, kadaharan aya dina loba tingkat. Éta ngagambarkeun parobahan dina budaya urang, saperti kumaha urang nyokot jalan pintas dina masak, tapi kadaharan tetep jadi panglipur dina kaayaan naon waé.
- Ngeunaan peran kadaharan dina tulisanna dina “Chitra Banerjee Divakaruni: Sisters and Spices” di Guernica (3 Agustus 2015).