Lompat ke isi

Citakan:Pidangan/9

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas

Carl Edward Sagan (9 Nopémber 1934 – 20 Désémber 1996) téh saurang astronom, élmuwan planét, kosmolog, astrofisikawan, astrobiolog, panulis, jeung panyalur élmu asal Amérika. Kontribusi ilmiahna anu pangsohorna nyaéta panalungtikan ngeunaan kahirupan luar bumi, kaasup démonstrasi ékspériméntal ngeunaan produksi asam amino tina bahan kimia dasar ku radiasi. Sagan ogé nu ngarakit pesen fisik munggaran anu dikirim ka angkasa, nyaéta Pioneer plaque jeung Voyager Golden Record, nya éta pesen universal anu bisa waé kaharti ku kecerdasan luar bumi anu manggihanana. Sagan ogé ngedalkeun hiji hipotesa—anu ayeuna geus dipikatarima—yen suhu permukaan Venus anu luhur téh disababkeun ku pangaruh rumah kaca, sarta bisa diitung ngaliwatan rumus éta pangaruh. Taun 1985, anjeunna nyaksian ka Kongrés AS yén pangaruh rumah kaca bakal ngarobah sistim iklim bumi.

Cutatan

[édit]
  • Aya hiji tempat anu langitna boga opat panonpoé — beureum, bodas, bulao, jeung konéng; dua di antarana deukeut pisan nepi ka paéh silih rohang, sarta zat béntang ngalir di antara maranéhna. Kuring apal aya dunya anu boga sajuta bulan. Kuring apal aya panonpoé anu sabanding jeung ukuran bumi — sarta dijieun tina intan. Aya inti atom anu panjangna sababaraha mil anu muter tilu puluh kali per detik. Aya butiran leutik di antara béntang, anu ukuran jeung komposisi atomna siga baktéri. Aya béntang anu ninggalkeun Galaksi Bima Sakti, jeung mega gas anu gede pisan keur ragrag asup ka dinya. Aya plasma anu ngagelebug, pinuh ku sinar-X jeung sinar gamma, sarta ledakan béntang anu dahsyat. Meureun aya ogé tempat-tempat anu aya di luar jagat raya urang. Jagat raya téh lega pisan jeung matak kagum, sarta pikeun kahiji kalina, urang jadi bagian tina éta
    • Planetary Exploration (University of Oregon Books, Eugene, Oregon, 1970), kaca 15.
  • Gampang pisan nyieun hiji pesen radio antarbéntang anu bisa langsung kaharti yén éta asalna ti mahluk cerdas. Sinyal anu dimodulasi (‘bip,’ ‘bip-bip,’ …) anu ngawakilan angka 1, 2, 3, 5, 7, 11, 13, 17, 19, 23, 29, 31, contona, ngandung ngan ukur 12 bilangan prima munggaran — nya éta angka anu bisa dibagi ngan ku 1 atawa ku dirina sorangan. Sinyal saperti kieu, anu dasarna tina konsép matematis basajan, moal bisa asal ti naon waé iwal ti mahluk hirup cerdas. … Tapi cara anu pangjanjina mah nyaéta ku ngirimkeun gambar.
    • Smithsonian magazine, Méi 1978, kc. 43–44. Dicutat dina Awake! magazine, 22 Agustus 1978.