Duwa Ěmbe Lalaki, Hiji Awewe
Loncat ke navigasi
Loncat ke pencarian
Ěmbe awewe nyaho yen aya ěmbe lalaki keur diadu, hayang ngarapihkeun, tapi teu digugu, kacida angkeuhna ěmbe awewe teh, niyatna hayang ngarapihkeun; ngomong sajro pikirna: „lamun dihalangan bowa lilir napsuna." Sabot ěmbe lalaki ngawahan rek neunggar, dihalangan ku ěmbe awewe těngah-těngahna, němpuh bareng neunggarna, embe awewe ambruk paeh babar pisan.
Hartina iyeu dongeng: ngingětan ngarah runtut hade pisan, tapi masing yatna, lamun ayapih nu keur pada amběk, asup bongan, rajeun tiwas sorangan.