Koko Koswara

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Mang Koko
Mang Koko

Kawih[édit]

Samoja[édit]

Kedalna asih na bulan pinuh mamanis // hiji jangji pasini na rasmining wanci // mangsa samoja jongjon kembangan // duh eulis, langit lénglang // angin rintih dina ati, aduh
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung // aya jangji pasini nu henteu ngajadi // mangsa samoja geus ngarangrangan // duh ieung, langit angkeub // samagaha dina haté, duh
Ayeuna kantun waasna, jungjunan // lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan // kamari nu pamit, kamari nu pamit // datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan // lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan // kamari nu leungit, kamari nu leungit // rék lebeng mo deui datang.[1]

Sariak Layung[édit]

Sariak layung di gunung // iber pasini patepung lawung // teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung // eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung // jalan satapak rarambu leuweung // kumalangpang ronghéap nu kapitineung // eeh, ronghéap nu kapitineung, duh
Surya surup layung hibar // ka tanjakan sawangan diumbar // geus ngolébat, ieuh, samar-samar // hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang // katitipan haréwos kamelang // tawis deudeuh, ieuh, nu maranti // sungkeman kahéman saranggeuy malati.[1]

Wengi Énjing Tepang Deui[édit]

Disimbutan ku halimun // Diaping ku indung peuting // Lalaunan ngalayangna // Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna // // Ngalayang ka awang-awang // Rék nepangan ka nu tebih // Nepungan ka urang gunung // Malati di pinggir pasir // Kakara pisan ligarna // Kapendakna tacan lami // Katuruban dangdaunan // Kaheumpikan nagasari
Kembang diburu dirungrum // Sawengi henteu kawangi // Patapan henteu kalénglang // Raraosan mah sawarsi // Emh aduh raraosan mah sawarsi
Hawar-hawar sora hayam // Ciri parantos janari // Nu nyumput téh humarurung // Teungteuingeun milik diri // Harianeun teuing kadar // Misahkeun anu keur asih // Kembang nganggo dihalangan // Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur // Indit hate mah murilit // Duuuh indit hate mah murilit
Miang gé da sumoréang // Parangtritis kapiati // Aduh Enung pileuleuyan // Wengi énjing tepang deui // Duh aduh wengi énjing tepang deui.[1]

Di Wikipedia gé aya artikel ngeunaan:

Rujukan[édit]

  1. 1,0 1,1 1,2 TradisiKita. Kawih Sunda Ciptaan Mang Koko Terpopuler Sepanjang Masa (Bagian 2). 2015. Diaksés 13 Méi 2017.