Oto Iskandar di Nata
Pidangan
Pajuangan kamerdékaan
[édit]Loba jalma nu cumarita, yén tanpa ayana paksaan, teu mungkin Walanda daék ngaleupaskeun Indonésia, lantaran mikaboga Indonésia téh gedé pisan mangpaatna pikeun Walanda, tapi sok sakumaha loba ogé nu nyarita kitu, kuring yakin yén hiji mangsa jaga mun geus datang waktuna mah, nagri Walanda tangtu bakal ngaleupaskeun Indonésia kalawan ihlas demi kasalametanana.[1]
Dina tulisan
[édit]- Bangsa Indonésia bakal merdéka! Kahayang rahayat bakal tinekanan.[2]
- Mun Indonésia merdéka bisa ditebus ku jiwa saurang anak Indonésia, kuring geus ngajukeun diri minangka kandidat nu munggaran pikeun ieu pangorbanan. [3]
Dina sidang Volksraad
[édit]- Sakumaha jalma nu iman percaya kana ayana Allah, kitu ogé kuring percaya percaya bakal datangna kamerdékaan pikeun sakumna nagara nu dijajah, ogé pikeun Indonésia. Ku saguluyurna mun éta kabébasan Indonesia diraih ku kakerasan mangka papisahan antara nagri Walanda jeung Indonésia bakal siga musuh. Pausahaan-pausahaan sarta hak milik urang Walanda di dieu bakal dirampas. Padagangan Walanda bakal dilarang atawa dipisulit. Meunangkeun kamérdekaan ku atawa tanpa kakerasan jiga nu diucapkeun, bakal teu saeutik gumantung kana nagri Walanda sorangan.[4]
- Tapi kuring percaya, tuan katua, yén Indonésia nu ayeuna dijajah,pasti bakal merdéka. Mangga tuan-tuan bangsa Walanda milih diantara dua kamungkinan rék mundurkeun manéh kalawan sukaréla tapi dipihormat atawa tuan-tuan pasti ku kami diusir ku kakerasan.[5]
- Sigana, Tuan Katua teu kudu dibéré pituduh deui ngeunaan kaayaan alam nu pinuh ku conto-conto anu narémbongkeun yén kahayang pikeun bébas téh geus jadi watek. Pék tengetan, sato ogé sok sanajan ditalian atawa dikurung, tapi tetep nyoba pikeun ngaleupaskeun manéh. Sajarah unggal nagri cukup méré pangajaran yén unggal bangsa nu dijajah ngorbankeun sagala hal pikeun ngaronjatkeun darajat bangsa jeung lemah caina nu ya dina kaayaan dihina.[4]
Di kulawarga
[édit]- Ari budak cikal mah kudu nungtun adi-adina. Kudu tanggungwaler ka nu jadi adi-adina. Budak cikal minangka gaganti bapa, kudu nangtayungan ka kulawarga.[5]
- Ulah nepi ka batur téh ngomong gening ka anjeun, alusna mah batur téh ngomong tah gening.[5]
Di Wikipedia gé aya artikel ngeunaan:
Rujukan
[édit]- ↑ Pahlawan center. Otto Iskandar Dinata – Pahlawan Center, diaksés tanggal 1 Méi 2017
- ↑ R.E. Elson. 2008. The Idea of Indonesia, Penerbit Serambi:Jakarta.
- ↑ Harian Tjahaja, tanggal 29 April 1945
- ↑ 4,0 4,1 Safwan, Mardanah. Et al. 1975. Riwayat Hidup dan Perjuangan R. Oto Iskandar di Nata. Lembaga Sejarah dan Antropologi.
- ↑ 5,0 5,1 5,2 Kutojo,Sutrisno dan Mardanas Safwan.1974.“Riwayat Hidup dan Perjuangan Oto Iskandar Dinata”.Jakarta : Mutiara.