Pahili Jalan
Aya duwa budak urang lěmbur, awewe, ngaranna nyi Siyem, nu hiji deui ngaranna nyi Diyěm, dititah ku bapana ka pilěmburan sejen, jauhna lalakon duwa jam ti lěmburna, ari jalanna geus dituduhkeun ku bapana; carek bapana: Ulah sambewara, lamun teu lalawora maneh mowal kasarung. Eta budak duwa tuluy leumpang, jalan nyorang pasawahan, sajalan-jalan běger, budak awewe duwanana ngalengkahna tingjarengket bari sisindiran, ari lila-lila ngarasa yen kasarung, geus kitu nyi Siyěm ngomong ka baturna pokna: Diyěm kumaha urang ari geus kiyeu, rasa kami mah lamun tuluy bae nurutkeun jalan iyeu, mowal datang ka lěmbur nu disěja teh. Wangsulan nyi Diyěm: Ari kitu mah hayu urang pada balik deui bae, neyangan jalan anu běněr, lamun nurut kana jalan iyeu hamo burung kasarung. Budak awewe duwa tuluy baralik deui ka urutna, neyangan jalan anu běněr sarta kapanggih jalan anu běněr teh, teu pati lila lěmburna tembong, tatapi nyi Siyěm sapanjangna leumpang malik ka tukang, repeh bae teu ngomong-ngomong, kawas aya nu dipikiran? Wangsulan nyi Siyěm: Keur mangsa urang rumasa yen kasarung, ari geus kitu urang tuluy balik deui, neyangan jalan nu běněr, ari omong maneh lamun dituluykeun bae urang tangtu kasarung, eta nu ku kami dipikir dina jěro ati, sapirang-pirang lobana jělěma nu kasarung, tina sabab nyingkahan jalan kautamaän, nyorang jalan kadorakaän, anu nungtun kana karuksakan, sanajan enggeus karasa oge yen pikasarungeun, tapi reya-reya jělěma sok dituluykeun bae.
Tégěsna dongeng iyeu: lamun maneh nyorang jalan anu teu běněr, nu bakal ragrag kana kadorakaän, samemeh asup kana kadorakaän, kudu gancang balik deui, supaya ulah tuluy kasarung.