Paku

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas

Panday ngaranna kiyai Pangayah, gětol digawe, datang-datang ka surup matapowe teu ngarasakeun hese cape. Ari baturna sapakarangan jalma sugih, boga anak lalaki, ngaran ki Sadana, unggal powe gětol nganjang ka kiyai panday, nenjokeun anu keur digawe. Dina hiji powe ki panday ngomong ka ki Sadana: Agus pangangguran bae sampeyan sugan kěrsa diajar nyiyeun paku, upama sampeyan geus yasa, eta paku aya pidaměleunnana. Ki Sadana nurut; tuluy bae nyanghareupan tahanan, diajar nyiyeun paku, lawas-lawas bisa. Bareng geus lawas, ki Sadana katarajang miskin, tina sabab rusuh aya pěrang, tuluy leumpang kalunta-lunta, cicing di lěmbur sejen, jauh lalakonna ti nagarana, Dina lěmbur eta paku loba kapakena, samangsa keur aya gawena eta paku, urang dinya mareuli ka nagara sejen. Ki Sadana ingět kana kabisana nyiyeun paku, tuluy nawarkeun gawena ka urang lěmbur didinya, yen sanggup nyiyeun paku; geuwat dipangnyiyeunkeun gosali, rěmpug salėmbur didinya, pada suka ka nu bisa nyiyeun paku. Ki Sadana geus děk neupa, loba kauntungannana; ki Sadana ngomong sorangan: beh namah jalma hirup eta nya kudu boga kabisa teh, kami kabisa teh ngan nyiyeun paku, teu burung makayakeun ka awak sorangan, kami ngungkulan di jaman tadi; kabisa kami ayeuna upama aya nu rek meuli tilu rewu rupiya, moal diculkeun; banda kami pirang-pirang reyana teu beunang dibawa-bawa, lain cara kabisa, di mana cicing aya gawena.

Hartina iyeu dongeng: pangabisa eta masih saeutik, lamun dipake těměn, bisa mawa kauntungan gěde; jeung deui jalma tara ridu ku pangabisa.