Pamaké:Irwangatot
Pidangan
artikel ka 1 gede hulu
| No. | Paribasa | Deskripsi |
| 1 | adam lali tapel | poho ka baraya jeung poho ka lemah cai |
| 2 | adat kakurung ku iga | adat nu hese digantina |
| 3 | adean ku kuda beureum | beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur |
| 4 | adigung adiguna | gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana |
| 5 | ngajul bulan ku asiwung = mesek kalapa ku jara | usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit nutupan liang-liangan |
| 6 | ngadu angklung di pasar | papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba |
| 7 | ngadu ngadu rajawisuna | mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea, parerea omong |
| 8 | ngagulkeun payung butut | ngagulkeun luluhur sorangan |
| 9 | aya astana sajeungkal | anu mustahil oge oge bisa kajadian |
| 10 | aya jalan komo meuntas | eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun |
| 11 | aya bagja teu daulat | arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus |
| 12 | aya peurah | aya komara, aya harega, aya pangaji |
| 13 | ayakan tara meunang kancra | nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana |
| 14 | akal koja | pinter dina kagorengan atawa kajahatan |
| 15 | mun teu ngakal moal ngakeul | mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup |
| 16 | aku panggung | darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste |
| 17 | aku aku angga | ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda - ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan |
| 18 | aki aki tujuh mulud | lalaki nu geus kolot pisan |
| 19 | alak paul | tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana |
| 20 | alak alak cumampaka | |
| 21 | teu puguh alang ujurna | teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna |
| 22 | alus panggung = alus laur hade ome | tegep dedeg pangadegna |
| 23 | ambek nyedek tanaga midek | ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri |
| 24 | seukeut ambeu seukeut deuleu | loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi) |
| 25 | teu diambeuan | teu dipikarisi, teu dipikagimir |
| 26 | dipiamis buah gintung | disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat |
| 27 | anak merak kukuncungan | sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna |
| 28 | anak puputon | anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah |
| 29 | anjing ngagogogan kalong | mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun |
| 30 | nulungan anjing kadempet | nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima |
| 31 | beuteung anjingeun | ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing |
| 32 | tikoro andon peso | ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang |
| 33 | paanteur anteur julang | silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina |
| 34 | aub payung, sabet panon, sabasoba | wewengkon, ngeunaan tanah |
| 35 | ngadaweung ngabangbang areuy | pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih |
| 36 | ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed | ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh |
| 37 | asa ditonjok congcot | meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep |
| 38 | asa nanggeuy endog beubeureumna | kacida nyaahna |
| 39 | asa potong leungeun katuhu | leungiteun jalma nu pohara hade gawena |
| 40 | nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha | nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng |
| 41 | ngaliarkeun taleus ateul | ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur |
| 42 | ati mungkir beungeut nyinghareup | palsu, siga sono, tapi henteu. siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu |
| 43 | ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam | ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan |
| 44 | sentak badakeun | teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan |
| 45 | belang bayah gindi pikir | boga pikiran goreng ka papada kawula |
| 46 | baleg tampele | ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera |
| 47 | bali geusan ngajadi | tempat dilahirkeun |
| 48 | balung kulit kotok meuting | teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari |
| 49 | balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan | beak karep ku rido jeung beresih hate |
| 50 | banda tatalang raga | lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras |
| 51 | kurung batok | teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing diimah bae |
| 52 | ulah kabawa ku sakabakaba | ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit |
| 53 | ambekna sakulit bawang | gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung |
| 54 | nginjing sila, bengkok sembah | goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan |
| 55 | bengkung ngariung bongkok ngaronyok | babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka |
| 56 | totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh | nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana |
| 57 | jauh ka bedug | dusun,bodo, euweuh kanyaho |
| 58 | kuer nuju bentang surem | keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae |
| 59 | teu mais teu meuleum | teu aya patalina pisan, teu pipilueun |
| 60 | kandel kulit beungeut | euweuh kaera |
| 61 | mindingan beungeut ku saweuy | ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea |
| 62 | ulah beunghar memeh boga | ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya |
| 63 | beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana | pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali |
| 64 | lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda | arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae |
| 65 | beureum paneureuy = seuseut batan neureuy keueus | hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud |
| 66 | teu nyaho di alif bingkeng | bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola |
| 67 | beurat birit | hese jeung sungkan dititah |
| 68 | hampang birit | gampang jeung adekan dititah |
| 69 | ngusap birit, bari indit | kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya |
| 70 | biwir nyiru rombengeun | resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur |
| 71 | biwir sambung lemek, suku sambung lengkah | henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian |
| 72 | bobo sapanon carang sapakan | aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana |
| 73 | mobok manggih gorowong | meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang |
| 74 | bobor karahayuan | henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas |
| 75 | kawas lauk asup kana bubu | gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah) |
| 76 | naheun bubu pahareup hareup | dina pangabutuh silih injeuman duit |
| 77 | ngabudi ucing | teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh |
| 78 | cara bueuk meunang mabuk | ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun |
| 79 | buluan belut, jangjangan oray | pamohalan kajadian |
| 80 | ciri sabumi cara sadesa | beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana |
| 81 | bungbulang tunda / tunda talatah | lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur |
| 82 | sabuni buni anu ngising | sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae |
| 83 | ngodok liang buntu | hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan |
| 84 | hayang untung jadi buntung | teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep |
| 85 | buntut kasiran | koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere |
| 86 | nyolok mata buncelik | nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana |
| 87 | bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang | ginding, loba pakean anu aralus dipake |
| 88 | buburuh nyatu diupah beas | nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih |
| 89 | buruk buruk papan jati | ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh |
| 90 | lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan | pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona |
| 91 | nu burung diangklungan, nu edan dikendangan | ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah |
| 92 | teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan | ngalajur nafsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae |
| 93 | leutik burih | euweuh kawani |
| 94 | teu busik bulu salambar | teu rogreg rogreg, malah unggul dina juritna |
| 95 | bonteng ngalawan kadu | nu leutik ngalawan nu gede |
| 96 | nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan | nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina |
| 97 | daek macok embung dipacok | daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung |
| 98 | dagang oncom rancatan emas | ari modalna gede kacida, nagn batina anu diarah kacida leutikna |
| 99 | pait daging pahang tulang | cageur teu keuna ku panyakit naon bae |
| 100 | dah bawang dah kapas | tah barangna tah duitna |
| 101 | nyeungeut damar di suhunan | mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji |
| 102 | caang bulan dadamaran | migawe nu kurang mangfaat |
| 103 | disakompet daunkeun, dihurun suluh | dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda |
| 104 | nyieun catur taya dapur | nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna |
| 105 | deugdeug tanjeuran | pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian |
| 106 | deukeut deukeut anak taleus | ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya |
| 107 | ngadeupaan lincar | ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar |
| 108 | dihin pinasti, anyar pinanggih | baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna |
| 109 | teu didingding kelir | teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun |
| 110 | paluhur luhur diuk | pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah |
| 111 | jabung tumalapung sabda tumapalang | milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon |
| 112 | jadi maung malang | jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe |
| 113 | jadi senen kalemekan | mindeng dicaritakeun batur |
| 114 | jadi sabiwir hiji | jadi carita jalma loba |
| 115 | ulah tiis tiis jahe | kudu iatna, kudu cingceung |
| 116 | loba teuing jaksa | loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan |
| 117 | aya jalan komo meuntas | aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun |
| 118 | jaman cacing dua saduit | jaman baheula pisan |
| 119 | jauh ka bedug anggang ka dayeuh | dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga |
| 120 | meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra | kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede |
| 121 | sereg di panto logor di liang jarum | nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema |
| 122 | jati kasilih ku junti | pribumi kaeehkeun ku urang asing |
| 123 | jawadah tutung biritna, sacarana sacarana | unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana |
| 124 | jejer pasar | lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu |
| 125 | jegjeg ceker | cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu |
| 126 | leuleus jeujeur liat tali | pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana |
| 127 | jeung leweh mah mending waleh | leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita |
| 128 | nyieun pucuk ti girang | pangheulana neangan piaseaeun |
| 129 | asa dijual payu | ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa |
| 130 | moal neangan jurig teu kadeuleu | arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh |
| 131 | cara jogjog mondok | carekcok bae, mani gandeng naker |
| 132 | jogjog neureuy buah loa | mikarep ka anu lain babad |
| 133 | dogdog pangrewong | bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon |
| 134 | dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur | ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe |
| 135 | dosa salaput hulu | kacida loba dosana |
| 136 | Dulang tinande | Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki |
| 137 | Duum tinggi | Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik |
| 138 | Ulah muragkeun duwegan ti luhur | Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah |
| 139 | Elmu ajug, | Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu |
| 140 | Elmu sapi | Samiuk (ngahiji) kana kagorengan |
| 141 | Elmu tumbila | Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu |
| 142 | Elok bangkong | Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae |
| 143 | Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh | Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea |
| 144 | Endog tara megar kabeh | Najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna |
| 145 | Kawas hayan keur endogan | Ciling cingcat bae, teu bisa cicing |
| 146 | Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir | Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang |
| 147 | Nangkeup mawa eunyeuh | Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang |
| 148 | Cara gaang katincak | Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan |
| 149 | Galehgeh gado | Darehdeh tapi henteu terus kana hate |
| 150 | Jauh jauh panjang gagang | Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil |
| 151 | Sagalak galakna macan taru nyatu anakna | Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak |
| 152 | Ngagandong kejo susah nyatu | Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh |
| 153 | Gancang pincang | Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun |
| 154 | Gantung denge | Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun |
| 155 | Gantung teureuyeun | Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan |
| 157 | Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan | Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade |
| 158 | Ngagedag bari mulungan | Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae |
| 159 | Gede gunung pananggeuhan | Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng |
| 160 | Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig | Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng |
| 161 | Nyalindung ka gelung | Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana |
| 162 | Legok tapak genteng kadek | Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona |
| 163 | Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma | Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug |
| 164 | Gindi pikir belang bayah | Goreng hate, dolim, julig , dengki |
| 165 | Ginding kakampis | Ari pake mah ginding ngan duit teu boga |
| 156 | Nyium bari ngegel | 1. Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2. salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna |
| 166 | Dipiamis buah gintung | Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat |
| 167 | Pagirang girang tampian | Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan |
| 168 | Giri lungsi tanpa hina | Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina |
| 169 | Anjing ngagogogan kalong | Mikahayang nu moal baka; kasorang |
| 170 | Hade gogog hade tagog | Hade basa jeung hade tingkah lakuna |
| 171 | Nya ngagogog nya mantog | Nya nitah ka batur nya prak kumanehna |
| 172 | Goong saba karia | Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan |
| 173 | Mobok manggih gorowong | Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun |
| 174 | Teu gugur teu angin | Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren |
| 175 | Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi | Euweuh anggeusna, euweuh beakna |
| 176 | Gurat batu | Pageuh kana jangji |
| 177 | Taya halodo panyadapan | Terus bae digelendeng atawa dicarekan |
| 178 | Hambur bacot murah congcot | Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun |
| 179 | Handap lanyap | Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun |
| 180 | Hirup nuhun paeh dirampes | Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon |
| 181 | Hapa hapa ge ranggeuyan | Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan |
| 182 | Harewos bojong | Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan |
| 183 | Getas harupateun, pinggeus harepan | Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur |
| 184 | Harus omong batan goong | Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja |
| 185 | Hejo tihang | Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean |
| 186 | Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang | Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina |
| 187 | Herang caina beunang laukna | Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur |
| 188 | Saherang herangna cai beas | Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang |
| 189 | Hanteu gedag bulu salambar | Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan |
| 190 | Heueuh heueuh bueuk | Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena |
| 191 | Nyieun heuleur jeroeun huma | Henteu raket jeung dulur pahare hare bae |
| 192 | Heurin ku letah | Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan |
| 193 | Kahieuman bangkong | Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon |
| 194 | Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang | Inggis jeung paur kabina bina |
| 195 | Haripeut ku teuteureuyeun | Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram |
| 196 | Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan | Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen |
| 197 | Hirup dinuhun paeh dirampes | Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon |
| 198 | Hirup ku panyukup gede ku pamere | Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah |
| 199 | Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja | Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana |
| 200 | Hulu dugul dihihidan | Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung |
| 201 | Nyanghulu kajarian | Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina |
| 202 | Hunyur nandean gunung | Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana |
| 203 | Nya di hurang nya dikeuyeup | Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae |
| 204 | Hurung nangtung siang leumpang | Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus |
| 205 | Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeun | Masrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan) |
| 206 | Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata. | Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk. |
| 207 | Indung lembu bapa banteng | Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar. |
| 208 | Inggis batan maut hinis | Pohara risina, pohara paurna. |
| 209 | Ipis kulit beungeut. | Gede kaera. |
| 210 | Pakotrek iteuk. | Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini. |
| 211 | Iwak nangtang sujen. | Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun. |
| 212 | Miyuni hayam kabiri. | Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe. |
| 213 | Legok tapak genteng kadek. | Loba luangna, loba pangalamanana. |
| 214 | Ngadek sacekn, nilas saplasna. | Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan. |
| 215 | Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. | Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup. |
| 216 | Ginding kakampis | Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga. |
| 217 | Ngarep ngarep kalangkang heulang. | Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana. |
| 218 | Kalapa bijil ti cungap. | Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka. |
| 219 | Mere langgir kalieun. | Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana. |
| 220 | Kai teu kalis ku angin. | Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan. |
| 221 | Tinggar kalongeun. | Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan. |
| 222 | Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. | Leutik burih, borangan, sieunan, kecing. |
| 223 | Ngarep ngarep bentang ragrag. | Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian. |
| 224 | Buntut kasiran. | Koret. |
| 225 | Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. | Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa. |
| 226 | Kawas kacang ninggang kajang. | Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan. |
| 227 | Kejo asak angeun datang. | Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun. |
| 228 | Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung. | Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih. |
| 229 | Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan. | Ngahamina carita tukang wadul. |
| 230 | Sakecap kadua gobang. | Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih. |
| 231 | Ninggang kekecrak. | Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih. |
| 232 | Ngeupeul ngahuapan maneh. | Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang. |
| 233 | Keur meujeuhna bilatung dulang. | Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar. |
| 234 | Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita. | Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki. |
| 235 | Sakririciking duit sakocopoking bogo. | Naon bae anu matak narik kana hate urang. |
| 236 | Kiruh ti girang kiruh ka hilir | Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur. |
| 237 | Kiceupna sabedug sakali. | Pohara lungguhna. |
| 238 | Ngodok liang jero. | Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae. |
| 239 | teu beunang dikoet kunu keked. | Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah. |
| 240 | Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran. | Anu samumur umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung. |
| 241 | Kokoro Nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. | Kacida miskina. |
| 242 | Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak. | Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng. |
| 243 | Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan. | Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona. |
| 244 | Ngadagoan kuah beukah. | Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu) |
| 245 | Kawas kuda leupas ti gedogan. | Bingung ku kamerdekaan, terus sakama kama nganteur kahayang, ngalajur nafsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker. |
| 246 | Kujang dua pangadekna. | Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud. |
| 247 | Ngukur ka kujur nimbang ka awak | Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala. |
| 248 | Kudu bisa ngeureut neundeun. | Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik. |
| 249 | Kudu boga pikir kadua leutik. | Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga. |
| 250 | Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak. | Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan. |
| 251 | Kulak canggeum | Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci. |
| 252 | Kaciwit kulit kabawa daging. | Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana. |
| 253 | Kumaha bule hideungna bae. | Kumaha engke bae buktina. |
| 254 | Kunang kunang nerus bumi. | Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana. |
| 255 | Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. | Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan. |
| 256 | Rumbak kuntieun. | Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate. |
| 257 | Anal merak kukuncungan. | Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae. |
| 258 | Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging. | Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun. |
| 259 | Kuru cileuh kentel peujit. | Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun. |
| 260 | Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan. | Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan. |
| 261 | Sibanyo laleur. | Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan. |
| 262 | Landung kandungan laer aisan. | Gede timbanganana, gede pangampurana. |
| 263 | Halodo sataun lantis ku hujan sapoe. | Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe. |
| 264 | Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra. | Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug. |
| 265 | Herang caina beunang laukna. | Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri. |
| 266 | Kawas lauk asup kana bubu. | Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean. |
| 267 | Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan. | Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona. |
| 268 | Ceuli lentaheun. | Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna. |
| 269 | Nete porot ngeumbing lesot. | Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae. |
| 270 | Heurin ku letah. | Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna. |
| 271 | Manan Leweh mending waleh. | Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah. |
| 272 | Leubeut buah hejo daun. | Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya. |
| 273 | Leuleus Jeujeur liat tali. | Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil. |
| 274 | Paheuyeuk heuyeuk leungeun. | Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan. |
| 275 | Leunggeuh cau beuleum. | Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean. |
| 276 | Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung. | Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana. |
| 277 | Satengah buah leunca. | Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan. |
| 278 | Leutik leutik ngagalatik | Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen. |
| 279 | Leuteik ringkang gede bugang. | Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea. |
| 280 | Leutik cahak, gede cohok. | Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede. |
| 281 | Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet. | Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana. |
| 282 | Mangpengkeun kuya ka leuwi. | Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi. |
| 283 | Ngaliarkeun taleus ateul. | Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian. |
| 284 | Lieuk euweuh ragap taya. | Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon. |
| 285 | Kawas anjing kadempet lincar. | Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala. |
| 286 | Lodong kosong ngelentrung. | Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh. |
| 287 | Nimu luang tinu burang. | Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman. |
| 288 | Luhur kuta gede dunya. | Gagah tur beunghar taya kakurang. |
| 289 | Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. | Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa. |
| 290 | Lungguh tutut. | Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu. |
| 291 | Luncat mulang. | Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu. |
| 292 | Ulah cara ka malati kudu cara ka picung. | Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah. |
| 293 | Maliding sanak. | Hanteu adil, pilih kasih. |
| 294 | Daluang katinggang mangsi. | Susuganan katuliskeun aya jodo (waris). |
| 295 | opo memeh munggang. | Hoream, teu sanggup samemeh prak. |
| 296 | Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih | Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup. |
| 297 | Moal ceurik menta eusi. | Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena. |
| 298 | Monyet kapalingan jagong. | Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan. |
| 299 | Cacag nangkaeun. | Hanteu beres , hanteu rata. |
| 300 | Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan. | Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak. |
| 301 | Teu aya sarebuk samerang nyamu. | Teu aya saeutik eutik acan. |
| 302 | Sapu nyere pegat simpay | Paturay papisahan. |
| 303 | Maut nyere ka congona. | Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah. |
| 304 | Nyeri beuheung sosonggeteun. | Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang. |
| 305 | Biwir nyiru rombengeun | Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur. |
| 306 | Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait. | Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga. |
| 307 | Hade ku omong goreng ku omong. | Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna. |
| 308 | Omong harus batan goong. | Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina |
| 309 | Owah gingsir. | Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan. |
| 310 | Uyah tara tees kaluhur. | Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna. |
| 311 | Ieu aing uyah kidul | Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan. |
| 312 | Saumur nyunyuhun hulu. | Saumur hirup rumingkang di bumi alam. |
| 313 | Asa ditumbu umur. | Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena. |
| 314 | Ngadagoan uncal mabal. | Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki. |
| 315 | Papadon los ka kolong. | Cidra jangji, teu nedunan jangjina. |
| 316 | Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum. | Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot. |
| 317 | Sengserang padung. | Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh. |
| 318 | Marebutkeun paisan kosong. | Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna. |
| 319 | Teu mais teu meuleum. | Teu pipilueun teu aya patalina naon naon. |
| 320 | Pait daging pahang tulang. | Carang gering. |
| 321 | Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung. | Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana. |
| 322 | Panday tara bogaeun bedog | Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun. |
| 323 | Cecendet mande kiara. | Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar. |
| 324 | Ulah pangkat memeh jeneng. | Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng. |
| 325 | Sagolek pangkek sacangreud pageuh. | Hanteu cidra kana jangji. |
| 326 | Seuneu hurung dipancaran. | Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah. |
| 327 | Mapay ka puhu leungeun. | Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan. |
| 328 | Nincak parahu dua. | Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan. |
| 329 | Tunggul diparud catang dirumpak. | Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu. |
| 330 | Dihin punasti anyar pinanggih. | Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana. |
| 331 | Pacikrak ngalawan merak. | Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede. |
| 332 | Pelengkung bekas nyalahan. | Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur. |
| 333 | Saungkab peundeuy. | Omongan anu pondok tur kurang manis. |
| 334 | Meungpeun peureum ku ayakan. | Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho. |
| 335 | Meungpeung teugeu harianeun. | Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh. |
| 366 | Nyaliksik ka buuk leutik. | Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana. |
| 367 | Nyair hurang meunang kancra | Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede. |
| 368 | Nyalindung ka gelung. | Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape. |
| 369 | Kawas hayam panyambungan. | Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat. |
| 370 | Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang. | Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa. |
| 371 | Asa nyanghulu ka jarian. | Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman. |
| 372 | Titip diri sangsang badan | Mihapekeun maneh. |
| 373 | sangsara di geusan betah. | Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh. |
| 374 | Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah. | Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed. |
| 375 | Langsung saur bahe carek. | Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan. |
| 376 | Nete semplek nincak semplak. | Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih. |
| 377 | Sereg dibuana logor diliang jarum. | Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema. |
| 378 | Seuneu hurung cai caah. | Keur ambek, keur amarah, keur napsu. |
| 379 | Nyeungeut damar di suhunan | Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih. |
| 380 | Nyeungseurikeun upih ragrag. | Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang. |
| 381 | Seuseut batan neureuy keueus. | Hese pisan. |
| 382 | Hurung nagtung siang leumpang. | Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep ngaginding. |
| 383 | Nyiar batuk piaraheun. | Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun. |
| 384 | Teu dipiceun sasieur. | Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan |
| 385 | Aya di sihung maung. | Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna. |
| 406 | Kawas nanggeuy endog beubeureumna. | Nyaah teu aya wates wangena, balukarna paur bae nu aya teh, bisi jelema anu dipikanyaah tea pinanggih jeung kasusahan. |
| 407 | Nangtung kariung ngadeg karageman. | Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara. |
| 408 | Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. | Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya. |
| 409 | Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju. | Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah. |
| 410 | Teu ditari teu ditakon. | Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan. |
| 411 | Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi. | Dialak ilik lantaran dianggap aneh. |
| 412 | Nepakeun jurig pateuh. | Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet. |
| 413 | Nete taraje, nincak hambalan. | Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur. |
| 414 | Nete semplek nincak semplak. | Kieu salah kitu salah. |
| 415 | Katempuhan buntut maung. | Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna. |
| 416 | Nepak cai malar ceret | Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana. |
| 417 | Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun. | Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan. |
| 418 | Neundeun piheuleut nunda picela. | Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui. |
| 419 | Jogjog neureuy buah loa. | Milampah anu moal pihasileun. |
| 420 | Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah. | Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling. |
| 431 | Katumbukan catur kadatangan carita. | Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan. |
| 432 | Kaceluk ak awun awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara | Kawentas pisan, kawentar kamana mana |
| 433 | Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur. | Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan |
| 434 | Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok. | Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila laila jadi bisa. |
| 435 | Cicing dina sihung maung. | Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang. |
| 436 | Clik putih clak herang | Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk. |
| 437 | Nyokot lesot ngeumbing porot | Teu aya usaha anu ngahasilkeun. |
| 438 | Nyolok mata buncelik. | Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana. |
| 439 | Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna. | Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur. |
| 440 | Kawas cucurut kaibunan | Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon. |
| 441 | Nuju hirup ninggang wirahma | Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik. |
| 442 | Tugur tundang cuntang gantang | Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara |
| 443 | Tunggul sirungan, catang supaan. | Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna. |
| 444 | Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait. | Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana. |
| 445 | Bilih aya tutus bengkung. | Bisi salah pokpokanana. |
| 446 | Noong ka kolong | Leutik hate, leutik pangharepan. |
| 447 | Kawas wayang pangsisina. | Ngeunaan ka jelema , goreng rupana. |
| 448 | Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan. | Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina. |
| 449 | Waspada permana tingal | Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian |
| 450 | Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang. | Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan. |
| 386 | Jati kasilih ku junti. | Pribumi kaelehkeun ku semah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah. |
| 387 | Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung. | Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur. |
| 388 | Nyiuk cai ku ayakan | Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon. |
| 389 | Kawas nu mulangkeun panyiraman. | Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana. |
| 390 | Kawas siraru jadi. | Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema. |
| 391 | Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran | Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki. |
| 392 | Sirung ngaliwatan tunggul | Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa |
| 393 | Sosoroh ngadon kojor | Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian. |
| 394 | Nyuhun nanggung ngelek ngegel | Rebo pisan, babawaanana loba naker. |
| 395 | Bluk nyuuh blak nangkarak. | Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah. |
| 396 | Ari diarah supana, kudu dipiara catangna | Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener. |
| 397 | Deukeut deukeut anak taleus. | Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya. |
| 398 | Ngaliarkeun taeus ateul. | Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea. |
| 399 | Seukeut tambang manan gobang. | Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi. |
| 400 | Tamiang meulit ka bitis. | Meunang wirang ku lantaran ngucah ngaceh rasiah batur. |
| 401 | Pagirang girang tampian. | Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa. |
| 402 | Pida cai pindah tampian. | Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan. |
| 403 | Tamplok batokeun. | Berehan teuing nepi ka urang mah susah. |
| 404 | Gede gunung pananggeuhan. | Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan. |
| 405 | Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna. | Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula. |
| 336 | Aya jalan komo meuntas | Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang. |
| 337 | Peureum kadeuleu beunta karasa. | Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta. |
| 338 | Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban. | Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan. |
| 339 | Sabobot sapihanean. | Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka. |
| 340 | Gindi pikir belang bayah. | Boga pikiran goreng ka papada kawula. |
| 341 | Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak | Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna. |
| 342 | Neukteuk curuk dina pingping. | Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim. |
| 343 | Pinter aling laing bodo | Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo. |
| 344 | Mipit teu amit ngala teu menta. | Maling boga batur. |
| 345 | Miceun batok meunang coet. | Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae. |
| 346 | Nya picung nya hulu maung | Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung. |
| 347 | Puasa manggih lebaran | Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede. |
| 348 | Pupulur memeh mantun | Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe. |
| 349 | Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu. | Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru. |
| 350 | Mupugkeun tai kanjut. | Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna. |
| 351 | Puraga tamba kadengda. | Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae. |
| 352 | Nyieun pucuk ti girang. | Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran. |
| 353 | Hapa hapa ge ranggeuyan. | Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga. |
| 354 | Teu boga pikir rangkepan. | Teu boga curiga saeutik eutik acan. |
| 355 | Raweuy beuweungeun rambay alaeun. | Loba dahareun da loba pepelakan |
| 356 | Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan. | Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan. |
| 357 | Uncal tara ridu ku tanduk. | Duduluran karumpul kabel. |
| 358 | Kawas budak rodek hulu. | Teu ngupama, teu ngajenan, teungahargaan pisan. |
| 359 | Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan. | Nu keur susah ditambah deui kasusahna. |
| 360 | Pada rubak sisi samping. | Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana. |
| 361 | Piruruhan katengahimahkeun. | Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan. |
| 362 | Rusuh luput gancang pincang. | Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun. |
| 363 | Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan. | Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon. |
| 364 | Taya halodo panyadapan. | Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan. |
| 365 | Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah. | Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar. |
| 421 | Tiis ceuli herang mata | Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean. |
| 422 | ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup. | Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes. |
| 423 | Tipu keling ragaji Inggris. | Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu. |
| 424 | Titirah ngadon kanceuh. | Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede. |
| 425 | Kumaha kejebur caina geletuk batuna. | Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran. |
| 426 | Nyicikeun cai, murulukeun lebu. | Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur. |
| 427 | Cangkir emas eusi delan. | Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang. |
| 428 | Teu cari ka Batawi tapi ka salaki. | Hakan pake hayang ti salaki. |
| 429 | Rumbak caringin di buruan. | Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang. |
| 430 | Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang. | Wiwirang nau pohara gedena. |