Sobat
Aya nu sosobatan pada lumaku babarĕngan sarta geus jangji, lamun aya bancang-pakewuh rek sili tulungan. Barĕng keur lumaku teu kungsi lila papapag jeung baruwang, nya eta hiji sato anu beuki jĕlĕma. Rek ngĕjat, geus deukeut teuing, mowande kacĕrĕk, tapi salah duwanana, lamun daek jadi hiji, satingkah sapolah sakarĕp, meureun kaconggah ngalawan baruwang; tapi sobat anu hiji barĕng nyaho yen baruwang, tuluy bae naek kana kai gĕde, nu deukeut kadinya; baturna nu ditinggalkeun teya, bawaning geus kasĕlĕmpĕk, teu meunang papan, heg ngalabuhkeun maneh, nangkuban kana taneuh sarta megeg ambĕkan, krana baruwang eta teu daekeun nyatu babatang. Baruwang nyampeurkeun ka anu labuh nangkuban, tuluy diambeuan sarta diletakan sungutna, ceulina, tungtungna los bae ditinggalkeun ku baruwang, teu dikiyeu-kiyeu, tina teu katara yen hirup.
Barĕng baruwang geus asup kana leuweung deui sarta geus teu aya balai, nu naek kana kai teya gancang turun, nanya ka baturna bari seuseuriyan lumah-lameh: Eta baruwang teh ngaharewoskeun naon ka maneh? Wangsulannan: Kami diwisik wuwuruk ahéng pisan, malah lamun ti tadina kami nyaho yen kitu pamagahannana, meureun rĕsĕp kacida, mowal siyeun; ari wurukna teya pokna: maneh ulah daek deui reureujeungan leumpang jeung sobat nu sok cidra, hanteu daek sili tulungan, ngan supaya salamĕt manehna bae.
__________