Urang Lembur, Anjing Jeung Meyong Congkok

Ti Wikicutatan basa Sunda, rohangan cutatan bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Aya hiji urang Lěmbur, keur wanci peuting poho teu meundeutan lawang paranje hayam; barěng nu boga imah jeung anjingna geus heës, meyong congkok datang asup ka paranje hayam teh, sarta maehan hayam, tuluy dibawa sakuwat-kuwatna. Isuk -isuk nu boga nyahuun yen hayamna paraeh, napsu kacida, anjingna digěbugan, jalan kacida teuing heës, haturannana anjing: Geus lěrěs pisan kuring diběnduan ku ajěngan, tatapi hukuman ajěngan ka kuring lěrěsna kudu dimanah heula yen ajěngan ku anjeun anu maparin tuladan reya ka kuring.

Hartina iyeu dongeng: ulah sok nyontoan goreng ka nu sejen, krana lain matak goreng ka nu sejen bae, ka maneh ge matak tiwas.