Paribasa Sunda K
Pidangan
K
[édit]- "Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak."
- "Ka hareup ngala sajeujeuh, katukang ngala sajengkal."
- "Ka luhur sieun gugur, kahandap sieun cacing."
- "Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran."
- "Kabeureuyan mah tara ku tulang munding, tapi ka cucuk peda."
- "Kacang poho ka lanjaran."
- "Kaciwit kulit kabawa daging."
- "Kajeun kendor, asal ngagémbol, ti batan gancang pincang."
- "Kajeun pait tungtung amis, manan amis tungtung pait."
- "Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung."
- "Kakeureut ku sieup, katindih ku kari-kari."
- "Kawas anjing kadempét lincar."
- "Kawas anjing tutung buntut."
- "Kawas awi sumaér dina pasir."
- "Kawas badak Cihéa."
- "Kawas cai dina daun bolang."
- "Kawas cai dina daun taleus."
- "Kawas kuda leupas ti gedogan."
- "Kawas nanggeuy endog beubeureumna."
- "Kawas pantun teu jeung kacapi."
- "Kawas ucing jeung anjing."
- "Kawas ucing nyanding paisan."
- "Kebo mulih pakandangan."
- "Kéjo asak angeun datang."
- "Keur meujeuhna buta tulang buta daging."
- "Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita."
- "Kolot dina beuheung munding."
- "Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang."
- "Kudu bisa lolondokan."
- "Kudu bisa ngarampa haté batur."
- "Kudu bisa ngeureut neundeun."
- "Kudu dipikir pait peuheurna."
- "Kudu ka bala ka balé."
- "Kudu leuleus jeujeur liat tali."
- "Kudu nalipak manéh."
- "Kudu ngadék sacékna, nilas saplasna."
- "Kudu ngawula ka wayahna."
- "Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak."
- "Kudu nyaho lautanana, kudu nyaho tatambanganana."
- "Kudu nyanghulu ka hukum, nunjang ka nagara, mupakat ka balaréa."
- "Kukuk sumpung dilawan dada leway."