Paribasa Sunda U
Pidangan
U
[édit]- "Ucing nyanding paisan."
- "Ulah bengkung bekas nyalahan."
- "Ulah beunghar méméh boga."
- "Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung."
- "Ulah cara ka malati kudu cara ka picung."
- "Ulah éléh ku atah-atah."
- "Ulah élmu ajug."
- "Ulah élmu angklung."
- "Ulah geledug ces."
- "Ulah gindi pikir belang bayah."
- "Ulah haripeut ku teuteureuyeun."
- "Ulah incah balilahan."
- "Ulah kabawa ku sakaba-kaba."
- "Ulah keok méméh dipacok."
- "Ulah lali ka purwadaksina."
- "Ulah leunggeuh cau beuleum."
- "Ulah leutik haté."
- "Ulah luhur kumagungan hayang ngapak ngapak langit."
- "Ulah lunca linci luncat."
- "Ulah marebutkeun paisan kosong."
- "Ulah muragkeun duwegan ti luhur."
- "Ulah ngaliarkeun taleus ateul."
- "Ulah ngukur baju sasereg awak."
- "Ulah nyaba sasamayan."
- "Ulah nyaliksik ku buuk leutik."
- "Ulah nyembah ka kayu ka batu."
- "Ulah nyeungseurikeun upih ragrag."
- "Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian."
- "Ulah pangkat méméh jeneng."
- "Ulah papadon los ka kolong."
- "Ulah rubuh-rubuh gedang."
- "Ulah sok ngéok méméh dipacok."
- "Ulah tiis tiis jahé."
- "Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan."
- "Umur gagaduhan nyawa sasampeuran."
- "Uncal kaauban surak."
- "Uncal tara ridu ku tanduk."
- "Uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina punduk teu karasa."
- "Uyah mah tara tees ka luhur."