Medaglia di WikiquoteAri Omong inohong baraya, ieu téh mangrupa kaca pidangan ngeunaan cutatan-cutatan inohong. Utamana mah inohong anu kakoncara sarta inohong urang Sunda minangka salah sahiji tarékah dina mikareueus ka para inohong Sunda. Ari sarat dina milih omong inohong kiwari kakara sakapilihna admin wé, lantaran wargana gé acan aya dua tiluna. Jaga mun geus loba mah warga Wikicutatan téh ieu omong inohong bisa diropéa sangkan leuwih hadé.
Ari ieu pidangan omong inohong ngandung 31 pidangan diluyukeun jeung tanggal dina sabulan, sok sanajan aya nu 28, 29, 30 atawa 31 poé dina sabulanna téh. Saupamana aya patanyaan atawa kedalan ngeunaan ieu pidangan, mangga tuliskeun di kaca sawala.
Aya pidangan lianna samisal ieu omong inohong téh, nyaéta cutatan poé ieu.
Di handap ieu mangrupa runtuyan pidangan omong inohong ti tanggal 1 nepi ka tanggal 31 dina sabulanna.
Loba jalma nu cumarita, yén tanpa ayana paksaan, teu mungkin Walanda daék ngaleupaskeun Indonésia, lantaran mikaboga Indonésia téh gedé pisan mangpaatna pikeun Walanda, tapi sok sakumaha loba ogé nu nyarita kitu, kuring yakin yén hiji mangsa jaga mun geus datang waktuna mah, nagri Walanda tangtu bakal ngaleupaskeun Indonésia kalawan ihlas demi kasalametanana.
Bangsa Indonésia bakal merdéka! Kahayang rahayat bakal tinekanan.
Tapi kuring percaya, tuan katua, yén Indonésia nu ayeuna dijajah,pasti bakal merdéka. Mangga tuan-tuan bangsa Walanda milih diantara dua kamungkinan rék mundurkeun manéh kalawan sukaréla tapi dipihormat atawa tuan-tuan pasti ku kami diusir ku kakerasan.
Mun Indonésia merdéka bisa ditebus ku jiwa saurang anak Indonésia, kuring geus ngajukeun diri minangka kandidat nu munggaran pikeun ieu pangorbanan.
Di kulawarga
Ari budak cikal mah kudu nungtun adi-adina. Kudu tanggungwaler ka nu jadi adi-adina. Budak cikal minangka gaganti bapa, kudu nangtayungan ka kulawarga.
Ulah nepi ka batur téh ngomong gening ka anjeun, alusna mah batur téh ngomong tah gening.
Pilem Indonésia kacida maju jeung kuring miharep urang terus bakarya kalawan hadé.
Ékting téh lain ngan panopang hirup, tapi ogé sakola kahirupan.
Kabeneran panon kuring mah rada sipit nu dina basa Sunda mah disebutna pétét, mangka pikeun ngabédakeun jeung nu séjén, kuring tuluy dijujuluk Didi Pétét.
Awéwé diciptakeun tina tulang rusuk lalaki, lain tina sirah pikeun jadi dununganna, lain ogé tina suku pikeun jadi alasna, tapina ti sisina hambéh, deukeut jeung leungeun pikeun diraksa sarta deukeut jeung haténa pikeun dipikacinta.
Anjeun kakara ngabéréskeun loba masalah di bisnis urang, kuring ingetkeun ka anjeun, ieu can bérés, ieu justru kakara dimimitian.
Boga kabogoh jauh // Meuntas laut leuweung gunung // Tapi apél teu bingung // Cukup halow na telepon
Kuring di pulo jawa // Manéhna pulo sumatra // Lamun malam mingguan // Mojok via SMS-an
Jelema palinter // Dunya beuki maju // Najan urang pajauh // Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon // Teu jadi pikiran // Kajeun pulsa kabobolan // Nu penting mah bisa ngobrol jeung manéhna
Boga kabogo jauh // Meuntas laut leuweung gunung // Tapi apél teu bingung // Cukup halow na telepon.
Duriat
Dina haté kuring anjeun cicing // Dina haté anjeun kuring cicing // Bener-bener henteu bisa ngejat // Dibeungkeut ku tali duriat
Sanajan loba nu daratang // Pating kuriling néangan lawang // Pating kaletrok kana panto haté // Tapi ku urang teu dipaliré
Duriat teu bisa digantian ku rupa // Duriat teu bisa dihilian ku harta // Duriat teu bisa diaya-aya // Duriat datangna henteu kapaksa
Dibeubeutkeun dina haté didituna // Diguratkeun dina rasa didituna // Dibuka dibaca kuurang duaan // Dijaga diriksa pinuh rasa kahéman
Amparan sajadah
Dina amparan sajadah // abdi sumujud pasrah // Diri nu lamokot ku dosa nyanggakeun sadaya-daya
Dina amparan sajadah // abdi sumujud pasrah // Mundut pangampura gusti ya Allah Robullijati
Taya deui panglumpatan // taya deui pamuntangan // Mung Allah pangeran abdi // pangeran anu sajati
Ngan ku atikan urang bakal tumuwuh jadi hiji bangsa
Kautamaan Istri
Naon ari anu jadi kautamaan istri?
Éta rupa-rupa, babakuna nurutkeun:
Bangsana; bangsa ménak atawa santana atawa abdi-abdi, anu sudagar, anu tani.
Adat jeung kabiasaan, dina hiji-hiji nagara, kumaha kacaraanana di dinya (ciri sabumi ciri sadésa).
Palajaranana ti bubudak, jeung cacampuranana.
...
Kumaha ari bangsa abdi-abdi nu leutik?
Éstu buta tuli sagala aturan teu nyaho saenya-enyana, ngan dikira-kira baé sugan kitu, sugan kieu, lantaran ngadéngé atawa neuleu saliwat. Sumawonna jelema urang pagunungan atawa pasisian mah anu langka pisan campur jeung urang dayeuh, tangtu kurang pisan kanyahona, sabab teu aya nu miwuruk, teu aya nu menerkeun enya-enya. Teu bisa maca nulis, jadi teu terangeun sakur anu kajadian saluareun baligeusanna.
Abdi-abdi nu mindeng campur atawa mindeng neuleu ménak mah, réa anu sok nurutan ménak, basana atawa papakéanana atawa petana.
Éta hiji tanda abdi-abdi ogé hayang maju, nurutan anu hadé, nya éta babakuna nurutan ménak téa.
...
Beu! jajauheun, cek babasan téa mah "jauh tanah ka langit." Tatapi teu mustahil, teu kapanggih ku urang, sugan ku anak incu, sabab jaman ayeuna ogé geus mimiti bangsa urang maju, kaserepan kapinteran Éropa, tapi réréana bangsa pameget, nya-éta putra-putra ménak atawa anu baleunghar, ari istri mah tacan pati réa. Kumaha atuh supaya bangsa urang tambah maju?
Hal ieu ku nu agung geus kamanah, nya-éta awéwéna nu kudu maju téh deui, palinter cara lalaki, sabab awéwé téh anu baris jadi indung, manéhna anu pangmimitina ngasupan pangarti ka jelema, nya-éta anak-anakna, awéwé lalaki.
Jadi utamana awéwé bangsa pribumi téh kudu nyaho kana saniskara urusan awéwé.
Syukuran sagala nu dipaparin Allah. Mun anjeun masih hirup bersyukur yén masih bisa milampah amal saléh. Mun anjeun maot tetep bersyukur, sahenteuna dosa anjeun teu mingkin nambahan.
Nalika anjeun susah di ieu dunya. Sabar, lantaran ieu kur samentara. Nalika anjeun dibéré kasenangan di ieu dunya ulah reueus sarta adigung lantaran ieu gé kur samentara.
Urang teu kudu saorhanisasi, sasakolaan atawa saguru, urang nyohib di hiji titik, Mukhlisiina Lahuddiin. Mudah-mudahan éta titik téh nu marengkeun urang
Mun néangan sohib tanpa codékah, salawasna urang moal nyohib. Mun néangan pasangan nu sampurna, salawasna moal meunang pasangan.
"Salaksa kolot kur bisa ngimpi, saurang pamuda bisa ngarobah dunya."
"Kembang mawar hanteu mpropagandakeun seungit melenghirna, ku sorangan seungit melenghirna téh sumebar sabudeureunna."
"Nagri urang beunghar, beunghar, beunghar kacida, Dulur-dulur. Berjiwa besarlah, berimagination. Kali ! Gawé! Kali ! Gawé! Urang téh hiji lemah cai nu pangéndahna di dunya".
Billie Eilish Pirate Baird O'Connell (lahir 18 Désémber 2001) nyaéta saurang panyanyi jeung panulis lagu asal Amérika Sarikat. Dipikawanoh ku sora musik jeung gaya vokalna anu has, Eilish jadi salah sahiji tokoh penting dina budaya pop taun 2020-an. Eilish mimiti meunang perhatian publik dina taun 2015 liwat singel debutna “Ocean Eyes” anu dirilis dina SoundCloud sarta ditulis jeung diproduksi ku lanceukna, Finneas O'Connell. Dina taun 2017, manéhna ngarilis EP debutna, Don't Smile at Me, anu meunang kasuksésan komérsial di rupa-rupa nagara, kaasup Amérika Sarikat, Britania Raya, jeung Australia.
“We’re in a time right now where the world is really, really bad and really dark and people need empathy and help more than kind of ever, especially in our country. I’d say if you have money, it would be great to use it for good things, maybe give it to some people that need it.”
“Ayeuna urang aya dina mangsa nalika dunya karasa pisan goréng jeung poék, sarta jalma-jalma leuwih ti saméméhna peryogi empati jeung bantuan, utamana di nagara urang. Ceuk kuring, lamun anjeun boga duit, bakal hadé pisan lamun dipaké pikeun hal-hal anu hadé, meureun dipasrahkeun ka jalma-jalma anu bener-bener peryogi.”
“Love you all, but there’s a few people in here that have a lot more money than me. If you’re a billionaire, why are you a billionaire?,” she said. “No hate, but yeah, give your money away, shorties.”
“Abdi nyaah ka aranjeun sadayana, tapi aya sababaraha jalma di dieu anu duitna leuwih loba tibatan abdi. Lamun anjeun milyarder, naha kudu jadi milyarder?,” pokna. “Teu aya maksud ngabenci, tapi nya kitu, bagi-bagikeun duit anjeun ka anu peryogi, nya.”
"I Like Who I Am A Lot At This Point."
"Abdi resep pisan kana saha diri abdi ayeuna."
Douglas Adams
Douglas Noël Adams (11 Maret 1952 – 11 Mei 2001) téh saurang panulis jeung musisi asal Inggris. Manéhna kasohor utamana minangka nu nyiptakeun séri The Hitchhiker's Guide to the Galaxy. Séri éta ti awalna mah mangrupa drama radio, tuluy mekar jadi lima buku nu jumlahna nepi ka 15 juta kopi salila hirupna. Salian ti éta, séri ieu ogé geus dirobah jadi acara tipi, pilem, kaulinan komputer, jeung komik.
"Nalika anjeun jadi mahasiswa atanapi naon waé, sarta anjeun teu sanggup meuli mobil, atawa tiket pesawat, atawa komo tiket karéta, hiji-hijina hal anu bisa dipigawé nyaéta ngaharepkeun aya nu eureun tuluy ngangkat anjeun. Dina mangsa ayeuna urang teu sanggup indit ka planét-planét séjén. Urang teu boga kapal pikeun ngalantarankeun urang ka dinya. Meureun aya jalma-jalma séjén di luaran dinya (abdi teu boga pamadegan nanaon ngeunaan Kahirupan Di Luar éta, abdi ogé henteu nyaho), tapi éndah pikeun mikir yén batur téh bisa waé, komo ayeuna kénéh, mawa urang ka ditu ku cara “hitchhiking”."
Pernyataan taun 1984, dikutip dina Don't Panic: The Official Hitchhikers Guide to the Galaxy Companion (1988) karya Neil Gaiman, kaca 2.
"Anjeun keur bingung. Kapeurih hideung ngider ka arah anjeun siga sakelompok belut anu kakara ningali hiji hal anu pohara dipikaresep ku belut."
The Hitchhiker's Guide To The Galaxy, kaulinan petualangan téks (1985), diterbitkeun ku Infocom.
"Nyetir mobil Porsche di London téh kawas mawa guci Ming ka pertandingan bal."
Dicutat dina Don't Panic: The Official Hitchhikers Guide to the Galaxy Companion (1988) karya Neil Gaiman.
"Gagasan yén Bill Gates mucunghul siga satria kalayan taméngna anu ngagelarkeun sakabéh konsumén tina kaacakan téknologis, sacara rapih mopohokeun kanyataan yén anjeunna sorangan, ku ngajual téknologi kelas kadua, anu ngantarkeun aranjeunna kana kaacakan éta ti mimiti, sarta nepi ka ayeuna ogé tetep kitu."Douglas Adams keur biantara dina hiji konpérénsi.
Dicutat dina The Guardian (1995), ogé dina “Biting back at Microsoft” (5 Juni 2001).
"Kuring nyangka yén “nerd” téh jalma anu maké telepon pikeun ngobrol jeung batur ngeunaan telepon. Maka “computer nerd” téh jalma anu maké komputer pikeun maké komputer."
Triumph of the Nerds: The Rise of Accidental Empires (1996).
"Bayangkeun aya genangan cai anu hudang isuk-isuk teras mikir, “Dunya ieu pikaresepeun pisan. Liang ieu anu ku kuring kapanggih pikaresepeun pisan — pas pisan jeung kuring, nya? Sajaba ti éta, cocogna téh nepi ka matak reuwas; siga dijieun husus pikeun kuring!” Gagasan ieu téh kacida kuatna nepi ka waktu panonpoé naék sarta hawa jadi panas, sarta laun-laun éta genangan jadi leuwih leutik, manéhna tetep kénéh neundeun gagasan yén sagalana bakal saé-sae waé, sabab dunya ieu diciptakeun pikeun anjeunna, dijieun pikeun anjeunna; nepi ka momen anjeunna leungit éta matak ngarénghap manéhna. Sigana aya hal saperti kieu anu kudu urang waspadai. Urang sadayana terang yén hiji waktos engké di mangsa nu bakal datang, Jagat Raya bakal béak, tur dina waktos anu sanés—sanajan leuwih heubeul tibatan éta—panonpoé bakal meledak. Urang ngarasa masih boga waktu pikeun mikirkeun éta, tapi sabalikna omongan kitu téh bahaya pisan."
Pidato dina Digital Biota 2, Cambridge, UK (1998).
"Aya sababaraha kajanggalan dina cara urang ningali dunya. Kanyataan yén urang hirup di dasar hiji sumur gravitasi anu jero, dina permukaan planét anu kabungkus ku gas, ngider matahari—hiji bal seuneu nuklir—90 juta mil ti dieu, sarta urang anggap éta hal normal, jelas nandakeun sabaraha mindengna sudut pandang urang kaancikan. Tapi sajarah intelektual urang geus ngalakukeun rupa-rupa hal pikeun lalaunan ngabenerkeun sababaraha salah kaprah urang."
Pidato dina Digital Biota 2, Cambridge, UK (1998).
"Pangalaman diajar téh salah sahiji hal anu ngomong, “Anjeun terang hal anu kakara anjeun lakukeun tadi? Ulah dilakukeun deui.”"
Wawancara di The Daily Nexus (5 April 2000), dicitak deui dina The Salmon of Doubt.
"Urang teu kudu nyalametkeun dunya. Dunya téh cukup gede pikeun ngajaga dirina sorangan. Nu kudu dipikahariwangeun ku urang téh naha dunya anu urang tinggaleun bakal sanggup ngajaga urang hirup di jerona atawa henteu."
"Pidato di University of California, direkam ku UCTV (Mei 2001)."
"Lamun anjeun nyobian ngabedah ucing pikeun ningali kumaha éta jalan, hal kahiji anu aya dina leungeun anjeun nyaéta ucing anu henteu jalan deui. Kahirupan téh tingkat kompleksitas anu ampir di luar paningal urang; jauh leuwih jero tibatan naon waé anu bisa urang pahami nepi ka urang nganggap éta salaku golongan obyék anu béda, golongan materi anu béda; “kahirupan”, hiji hal anu sigana miboga inti misterius, dipasrahkeun ku Gusti—sareng éta hiji-hijina katerangan anu urang boga." "Guncangan gedé datang taun 1859 nalika Darwin nerbitkeun On the Origin of Species. Butuh waktu lila pikeun urang bener-bener ngartos éta, sabab henteu ngan ukur sigana mustahil jeung matak ngarendahkeun, tapi ogé mangrupa guncangan séjén pikeun nyaho yén lain ngan ukur urang sanés puseur jagat raya sarta teu dijieun ku nanaon, tapi asalna ti hiji lendir lajeng jadi monyét tuluy jadi urang. Éta téh carita anu teu karasana enak upama dibaca."
Douglas Adams, The Salmon of Doubt (2002), kaca 135–136.
"Dunya téh hiji hal anu kacida rumitna, beunghar ku rupa-rupa hal jeung kaanehan anu matak pikagumbiraeun. Gagasan yén kompleksitas saperti kitu bisa mucunghul henteu ngan ukur tina saderhana, tapi bisa jadi tina henteuna nanaon pisan, nyaéta gagasan anu luar biasa. Jeung sakali anjeun mimiti boga gambaran kumaha éta bisa kajadian, éta téh hal anu endah pisan. Jeung … kasempetan pikeun nyéépkeun 70 atawa 80 taun hirup anjeun dina jagat raya saperti ieu téh, dina pamadegan kuring, mangrupa waktos anu kacida pantesna."
Tanggapan kana patanyaan “Naon dina élmu anu matak getih anjeun ngagolak?” dikutip ku Richard Dawkins dina éulogi pikeun Adams (17 Séptémber 2001).
Carl Edward Sagan (9 Nopémber 1934 – 20 Désémber 1996) téh saurang astronom, élmuwan planét, kosmolog, astrofisikawan, astrobiolog, panulis, jeung panyalur élmu asal Amérika. Kontribusi ilmiahna anu pangsohorna nyaéta panalungtikan ngeunaan kahirupan luar bumi, kaasup démonstrasi ékspériméntal ngeunaan produksi asam amino tina bahan kimia dasar ku radiasi. Sagan ogé nu ngarakit pesen fisik munggaran anu dikirim ka angkasa, nyaéta Pioneer plaque jeung Voyager Golden Record, nya éta pesen universal anu bisa waé kaharti ku kecerdasan luar bumi anu manggihanana. Sagan ogé ngedalkeun hiji hipotesa—anu ayeuna geus dipikatarima—yen suhu permukaan Venus anu luhur téh disababkeun ku pangaruh rumah kaca, sarta bisa diitung ngaliwatan rumus éta pangaruh. Taun 1985, anjeunna nyaksian ka Kongrés AS yén pangaruh rumah kaca bakal ngarobah sistim iklim bumi.
Aya hiji tempat anu langitna boga opat panonpoé — beureum, bodas, bulao, jeung konéng; dua di antarana deukeut pisan nepi ka paéh silih rohang, sarta zat béntang ngalir di antara maranéhna. Kuring apal aya dunya anu boga sajuta bulan. Kuring apal aya panonpoé anu sabanding jeung ukuran bumi — sarta dijieun tina intan. Aya inti atom anu panjangna sababaraha mil anu muter tilu puluh kali per detik. Aya butiran leutik di antara béntang, anu ukuran jeung komposisi atomna siga baktéri. Aya béntang anu ninggalkeun Galaksi Bima Sakti, jeung mega gas anu gede pisan keur ragrag asup ka dinya. Aya plasma anu ngagelebug, pinuh ku sinar-X jeung sinar gamma, sarta ledakan béntang anu dahsyat. Meureun aya ogé tempat-tempat anu aya di luar jagat raya urang. Jagat raya téh lega pisan jeung matak kagum, sarta pikeun kahiji kalina, urang jadi bagian tina éta
Gampang pisan nyieun hiji pesen radio antarbéntang anu bisa langsung kaharti yén éta asalna ti mahluk cerdas. Sinyal anu dimodulasi (‘bip,’ ‘bip-bip,’ …) anu ngawakilan angka 1, 2, 3, 5, 7, 11, 13, 17, 19, 23, 29, 31, contona, ngandung ngan ukur 12 bilangan prima munggaran — nya éta angka anu bisa dibagi ngan ku 1 atawa ku dirina sorangan. Sinyal saperti kieu, anu dasarna tina konsép matematis basajan, moal bisa asal ti naon waé iwal ti mahluk hirup cerdas. … Tapi cara anu pangjanjina mah nyaéta ku ngirimkeun gambar.
Smithsonian magazine, Méi 1978, kc. 43–44. Dicutat dina Awake! magazine, 22 Agustus 1978.
Sir Winston Leonard Spencer-Churchill (30 Nopémber 1874 – 24 Januari 1965) nyaéta saurang politikus, perwira militér, sarta panulis asal Britania Raya. Anjeunna kungsi ngajabat minangka Perdana Mentri Britania Raya ti taun 1940 nepi ka 1945, nyaéta dina mangsa anjeunna mingpin Britania nepi ka meunang kameunangan dina Perang Dunya Kadua, sarta anjeunna ngajabat deui ti taun 1951 nepi ka 1955.
Sapanjang karirna minangka Anggota Parlemén (MP), Churchill ngawakilan lima daérah pamilihan anu béda. Dina widang idéologi pulitik, anjeunna kaasup kana golongan ékonom liberal sarta ogé imperialis. Sabagian gedé karir pulitikna dilaksanakeun minangka anggota Partéy Konservatif, anu anjeunna pimpin ti taun 1940 nepi ka 1955. Sanajan kitu, dina periode taun 1904 nepi ka 1924, anjeunna kungsi jadi anggota Partéy Liberal.
"Jalma pésimis sok ningali kasusah dina unggal kasempetan. Jalma optimis sok ningali kasempetan dina unggal kasusah."
"Sikep téh mangrupa kalakuan leutik anu bisa ngahasilkeun béda anu gedé."
"Pikeun ngahontal kasuksésan, henteu cukup lamun urang ngan saukur ngalakukeun anu pangalusna. Sakapeung urang kudu ngalakukeun naon anu memang diperlukeun."
"Teu aya invéstasi anu leuwih hadé pikeun hiji masarakat salian ti méré susu ka orok. Masarakat anu séhat mangrupakeun asét panggedéna anu bisa dipiboga ku hiji nagara."
"Nyarios jujur téh alus, tapi nyarios anu bener mah leuwih penting."
"Kabeneran teu bisa dibantah. Kajahatan bisa waé nyerang éta, jeung kabodoan bisa waé ngahina éta, tapi tungtungna mah kabeneran tetep aya."
“Ajén tina hiji kahebatan téh nyaéta tanggung jawab.”
Dicutat tina: Yudowidoko, Didik Wahadi. (2004) Primakata Mutiara Cerdik Cendikia. Diédit ku Din Muhyidin. Jakarta: Penerbit Abdi Pertiwi. Kaca 88.
Beyoncé Giselle Knowles-Carter (lahir 4 Séptémber 1981) nyaéta saurang panyanyi, panulis lagu, aktris, jeung pangusaha asal Amérika Sarikat. Anjeunna dipikawanoh ku kamampuhan vokalna, inovasi artistikna, sarta pagelaran panggungna, sarta loba dianggap minangka salah sahiji tokoh anu paling boga pangaruh budaya dina abad ka-21.
Dipikawanoh ogé salaku sosok anu ngabentuk musik populér, Beyoncé mindeng dianggap salaku salah sahiji entertainer panghadéna sepanjang mangsa.
"I just feel very full and very honoured. It's been many, many years."
“Kuring ngan saukur ngarasa kacida pinuh ku rasa syukur jeung kacida ngahormatna. Ieu geus mangtaun-taun pisan.”
"I hope we just keep pushing forward [and] opening doors," Beyoncé continued. "God bless y'all. Thank you so much."
“Mugia urang terus maju [jeung] muka panto-panto kasempetan,” saur Beyoncé deui. “Mugia Gusti ngaberkahan sadayana. Hatur nuhun pisan.”
Kayleigh Rose Amstutz (lahir 19 Pébruari 1998), anu dipikawanoh sacara profésional minangka Chappell Roan, nyaéta saurang panyanyi jeung panulis lagu asal Amérika Sarikat. Manéhna dipikawanoh ku gaya artistikna anu dipangaruhan ku unsur camp jeung budaya drag queen. EP debutna, School Nights (2017), dirilis ku Atlantic Records. Sanggeus sababaraha taun teu ngahontal kasuksésan anu dipiharep, dina taun 2020 manéhna dileupaskeun tina label éta.
"Because I got signed so young, I got signed as a minor, and when I got dropped I had zero job experience under my belt and like most people, I had a difficult time finding a job in the pandemic and could not afford health insurance. It was so devastating to feel so committed to my art and feel so betrayed by the system and so dehumanized to not have healthcare. And if my label would have prioritized artist health, I could have been provided care by a company I was giving everything to. So record labels need to treat their artists as valuable employees with a livable wage and health insurance and protection. Labels, we got you, but do you got us?"
"Sabab abdi dikontrak waktu masih ngora pisan, malah masih di handapeun umur. Nalika kontrak éta dihentikan, abdi teu boga pangalaman damel saréréa pisan. Saperti kalolobaan jalma, abdi ogé kungsi kasusah milarian pagawean dina mangsa pandemi jeung teu mampuh mayar asuransi kaséhatan. Karasa pisan nyeri jeung nguciwakeun sabab abdi geus sakitu komitmennana kana karya seni abdi, tapi malah ngarasa dihianat ku sistem jeung karasa teu diperlakukeun salaku manusa sabab teu boga aksés kana layanan kaséhatan."
"Because I got signed so young, I got signed as a minor, and when I got dropped I had zero job experience under my belt and like most people, I had a difficult time finding a job in the pandemic and could not afford health insurance. It was so devastating to feel so committed to my art and feel so betrayed by the system and so dehumanized to not have healthcare. And if my label would have prioritized artist health, I could have been provided care by a company I was giving everything to. So record labels need to treat their artists as valuable employees with a livable wage and health insurance and protection. Labels, we got you, but do you got us?"
"Lamun waé label rekaman abdi leuwih mementingkeun kaséhatan artisna, tangtu abdi bisa meunang perawatan tina perusahaan anu salila ieu ku abdi geus dipasrahkeun sagalana. Ku sabab éta, label rekaman kudu nganggap artisna minangka pagawe anu berharga—anu pantes meunang gaji anu layak, asuransi kaséhatan, jeung perlindungan. Label, kami geus ngarojong anjeun, tapi naha anjeun ogé ngarojong kami?"
Ngeureuyeuh nikreuh sanajan bari pateuh gunung gé bakal aya disahandapaeun mumuncangan.
Wayang usik ku dalangna, jalma hirup da ku kersa-Na.
Lalakon di pawayangan mangrupa hiji gambaran jelema hirup di alam dunya.
Harkat jeung martabat hiji bangsa bisa diukur tina budayana.
Lamun budayana awutawutan tangtu bangsana gé bakal ruksak.
Lamun poé isuk rék kiamat, aya siki jagong pelakeuneun, pelakeun.
Sanajan apal raga rék ditinggalkeun nyawa tong eureun nyieun kahadéan mah.
Lahirna Maha Karya nyaéta ti jelema anu idéalis nu didasaran ku étika, éstétika jeung logika dina karyana.
Sakur perkara nu datang kana diri, nu karasa, nu katempo, nu kadéngé. Mun teu jadi élmu rugi! Sing saha nu ngamubadirkeun perkara nu datang kana diri kapi naon ka sétan?
Tadina aya dualismeu, hartina dua pamikiran tungtungna béda paham, lamun geus béda paham geus pasti bakal paséa. Ari nu ngaran paséa mah euweuh nu bener hiji ogé.
Chitra Banerjee Divakaruni (29 Juli 1956) téh saurang panulis jeung panyair asal India-Amérika, ogé ngajabat minangka Profésor Nulis Betty jeung Gene McDavid di Program Nulis Kréatif Universitas Houston.
Novél ieu lahir tina gabungan antara kunjungan-kunjungan anu kungsi ku kuring dilakukeun ka Kolkata jeung pamikiran sorangan ngeunaan rusiah kulawarga (enya, kulawarga kuring ogé boga!). Kuring karasa yén éta téh hiji unsur anu ngalangkungan budaya jeung nagara nyaéta rusiah kulawarga, hal-hal anu dianggap matak éra atawa bahaya nepi ka disumputkeun ti batur. Jeung sabaraha beurat éta téh bisa jadi. Kuring ogé mikiran kumaha héséna hirup akur bari ngabogaan bédana bisa nimbulkeun loba pasalia jeung kasedih, boh dina widang pulitik anu lega boh dina lingkungan imah. Kabéh ieu ngagabung jadi hiji dina Oleander Girl.
Kuring henteu nyangka boga carita pikeun dicaritakeun… Pindah ka budaya anu béda pisan jeung diajar hirup sorangan ngajadikeun kuring ningali dunya leuwih écés…. Kuring mikiran India leuwih ti batan saméméhna. Kuring sadar kana hal-hal anu ku kuring dipikareueus tina éta nagara; kahaneutanana, kadeukeutan kulawarga anu lega, jeung kumaha spiritualitas ngageugeuh kana budaya. Tapi kuring ogé ngaku aya masalah, hususna ngeunaan kumaha awéwé sok diperlakukeun.
Mangsa leutik, kuring sok ngaliwatkeun liburan jeung aki di hiji désa leutik anu perenahna kira-kira tilu jam ti Kolkata. Peutey, aki sok ngumpulkeun kuring jeung dulur-dulur, ngahirupkeun lampu minyak tanah sabab euweuh listrik, tuluy nyaritakeun rupa-rupa dongéng anu éndah tina carita rahayat, dongéng, nepi ka épos. Kadang-kadang anjeunna nyaritakeun carita kulawarga, atawa ngarang carita jurig. Waktu harita kuring ngarasa resep, tapi can nyadar sabaraha gedéna pangaruh éta hal pikeun kuring. Ti dinya kuring ngarti kana kakuatan carita, jeung kumaha ngaliwatan dongéng téh, loba pisan hal anu bisa ditepikeun jeung diturunkeun ti generasi ka generasi.
…sawatara tokoh téh aya nu leuwih androgini ku alam atawa ku pangaruh lingkungan. Tapi sabada kuring terus nulis, kuring ngajadikeun éta hiji tujuan pikeun ngembangkeun diri ku cara nulis tina sudut pandang boh lalaki boh awéwé. Kuring ogé panasaran kumaha aya awéwé anu teu simpati kana masalah awéwé séjén, utamana nalika maranéhna geus kolot jeung meunang kalungguhan anu miboga kakawasaan ka awéwé séjén. Hubungan antara awéwé jeung tarung kakawasaan anu timbul téh matak pikaresepeun. Kuring hayang ngajajah kanyataan yén perkara ieu teu saderhana ngan saukur ku ngomong yén lalaki téh jahat, lalaki wungkul anu jadi penjahatna…
Waktu kuring nulis Arranged Marriage, loba awéwé dina éta buku téh karasaeun nyorangan… Ayeuna mah henteu kitu deui pikeun awéwé anu datang ka dieu. Maranéhna boga aksés kana hikmah anu diturunkeun ti generasi ka generasi, ti mimiti resep masakan, cara ngadidik budak, nepi ka kumaha ngungkulan masalah jeung salaki. Kasempetan pikeun aya kakerasan ogé leuwih saeutik, sabab kakaerasan rumah tangga téh biasana tumuwuh dina kaayaan nyorangan. Ayeuna urang ningali kakerasan anu leuwih jarang, sahenteuna dina generasi anyar. Aya leuwih loba akuntabilitas.
Éta tangtu pisan geus mangaruhan kana tulisan kuring. Kuring sok nyelapkeun kecap-kecap Bengali di antara kecap Inggris sabab kuring hayang aya anyaman basa. Sababaraha konsép tina basa Bengali téh sok hésé ditarjamahkeun, tapi kuring hayang éta tetep boga peran. Ieu hal anu rada rumit. Kumaha carana nyelapkeun éta tanpa kudu nambahan catetan katerangan leutik? Kumaha carana nulis sangkan sakaligus bisa ngondang sakabéh pamiarsa kana buku kuring, tapi ogé bisa nyieun tékstur husus anu bakal leuwih dihargaan ku jalma-jalma anu asal basa na sarua?
Kadaharan téh mangrupakeun simbol anu penting. Ieu leuwih penting keur para imigran, sabab jadi hiji hal anu dipiharep bisa terus dibawa jeung gampang diciptakeun deui, sanajan dina mangsa awal mah hésé pisan lantaran can loba toko India. Para imigran diajar nyieun pangganti, saperti ngagunakeun Bisquick pikeun gulab jamun, trik-trik saperti kitu. Kuring ogé resep kana kadaharan dina kahirupan pribadi. Tapi dina buku-buku kuring, kadaharan aya dina loba tingkat. Éta ngagambarkeun parobahan dina budaya urang, saperti kumaha urang nyokot jalan pintas dina masak, tapi kadaharan tetep jadi panglipur dina kaayaan naon waé.
Only a skilled and productive human resources can respond to challenges and resolve problems.
Look at that map. All the green (area) is Indonesia. And that red dot is Singapore. Look at that.
I have some figures which compare the cost of one kilo of airplane compared to one kilo of rice. One kilo of airplane costs thirty thousand US dollars and one kilo of rice is seven cents. And if you want to pay for your one kilo of high-tech products with a kilo of rice, I don't think we have enough.
Saat itu ibaratnya kita dalam bus yang sedang melaju. Tiba-tiba sopirnya kena serangan jantung. Sebagai wakil sopir, saya langsung mengambil alih kemudi. Penumpang gempar, sebagian berteriak, belok kiri. Sebagian bilang, ambil jalan kanan, lainnya menyarankan, tetap jalan lurus. Mereka yang di luar bus juga ikut berkomentar, balik saja jalannya buntu.
Biantara
"Kalau Anda mengimpor gelas (sambil mengangkat gelas), mengimpor meja (sambil menggebrak meja) dan mengimpor mic (sambil menunjuk mikrofon) maka Anda membayar jam kerja orang sana. Bayarlah jam kerja rakyat agar semua bisa mandiri!"
Susan Abigail Sarandon (/səˈrændən/; née Tomalin; lahir 4 Oktober 1946) nyaéta saurang aktris asal Amérika. Manéhna kungsi narima rupa-rupa pangajén, di antarana Academy Award jeung British Academy Film Award, salian ti sababaraha nominasi séjén pikeun genep Primetime Emmy Awards jeung salapan Golden Globe Awards.
"Religion is not black and white. It's much more complicated. Spirituality is much bigger than that. God is much bigger than that. I don't believe in a wrathful God. I believe he's much more forgiving and inclusive than some religions. The things that are done in her name or his name are horrible."
"Agama téh teu hideung jeung bodas. Éta leuwih pajeulit. Spiritualitas jauh leuwih badag batan éta. Gusti jauh leuwih badag batan éta. Kuring henteu percaya ka Gusti anu murka. Kuring yakin anjeunna leuwih ngahampura jeung inklusif tibatan sababaraha agama. Hal-hal anu dilakukeun ngarana Gusti atawa ngaran pikareueuseun."
"Every relationship starts out with a dream of what you think it's going to be, and you either have the tool kit when you get to the hard spots where you'll make it through, or you need to move on."
"Saban hubungan sok dimimitian ku hiji impian ngeunaan kumaha nu anjeun bayangkeun bakal kajadian. Tuluy nalika nepi ka bagian-bagian nu hésé, anjeun téh antukna boga bekel pikeun ngaliwatanana, atawa kudu ngaléngkah jeung neruskeun hirup."
Ariana Grande (lahir tanggal 26 Juni 1993) téh saurang panyanyi, panulis lagu, jeung aktris asal Amérika Sarikat. Karirna dimimitian taun 2008 dina drama musikal Broadway anu judulna 13. Ari ti harita, anjeunna jadi kasohor lantaran maén jadi Cat Valentine dina séri Victorious (2010–2013) jeung Sam & Cat (2013–2014) anu ditayangkeun di Nickelodeon. Sajaba ti éta, anjeunna ogé kungsi maén dina sababaraha pintonan téater, acara tipi, jeung jadi sora dina sababaraha pilem jeung séri animasi. Ariana ogé dipikanyaho boga kasieun kana tempat anu luhur.
"Kuring reueus pisan (jadi katurunan Italia) … Sanajan abdi henteu mindeng tuang kadaharan Italia, sabab abdi vegan. … Kuring nyaah ka sato leuwih ti kana kalolobaan jalma, teu ngadadak kitu. Tapi abdi percaya pisan kana pola dahar dumasar kana tutuwuhan nu lengkep jeung séhat, anu bisa manjangkeun umur sarta ngajadikeun urang leuwih bahagia sacara sagemblengna. Mémang rada hésé lamun dahar di luar, tapi kuring biasana milih nu geus pasti wé — sayuran, buah, jeung salad — tuluy lamun geus balik ka imah, abdi dahar nu séjén."
— Wawancara “Ariana Grande: I love animals more than I love most people, not kidding” jeung Mirror (5 Désémber 2014)
"Musik téh hiji hal anu bisa dibagikeun ku sakabéh jalma di dunya. Musik téh dijieun pikeun nyageurkeun kuring, ngahiji, jeung nyieun urang bagja."
— Pernyataan dina Twitter sanggeus serangan teroris di Manchester (26 Méi 2017)
"Kuring capé kudu terus dikait-kaitkeun jeung lalaki. Kuring lain mantan Big Sean, lain ogé kabogoh anyar Niall. Kuring téh Ariana Grande."
— Dicutat dina goalcast.com
"Ulah kungsi ragu kana diri sorangan atawa miceunan waktu saperdetik ogé tina kahirupan anjeun. Hirup téh pondok, jeung anjeun téh istiméwa."
— Dicutat dina overallmotivation.com
"Sigana mah anjeun moal nyaho kumaha pentingna hiji hal nepi ka éta hal leungit."
— My Everything
"Lamun éta lain anjeun, kamungkinan mah moal bisa tahan sapoé ogé. Unggal cimata téh ibarat hujan tina naraka."
— Ghostin’
Barack Obama
Barack Hussein Obama II (lahir 4 Agustus 1961) téh saurang pulitikus Amérika anu kungsi ngajabat présidén Amérika Sarikat ka-44 ti taun 2009 nepi ka 2017. Anjeunna lahir di Hawaii, anak ti bapana asalna ti Kénya jeung indungna ti Kansas. Anjeunna meunang pamilihan présidén taun 2008 jeung kapilih deui dina bulan Nopémber 2012. Salaku anggota Partéy Démokrat Amérika, anjeunna jadi présidén Afrika-Amérika anu kahiji. Saméméh jadi présidén, anjeunna ngawakilan distrik ka-13 salila tilu mangsa jabatanna di Sénat Illionis ti taun 1997 nepi ka 2004, tuluy ngajabat salaku sénator Amérika ti Illionis ti tanggal 4 Januari 2005 nepi ka 16 Nopémber 2008. Dina mangsa présidén, anjeunna meunang Hadiah Nobél Perdamaian taun 2009.
Kapercayaan abdi kana mangsa hareup urang babarengan téh asalna tina rasa hormat ka jembar jeung muliana sajarah India—hiji peradaban anu geus ngawangun dunya mangpuluh-puluh abad. Urang India geus muka pamahaman kana jeroan awak manusa jeung kaagungan jagat raya. Henteu kaleuleuwihi mun disebut yén jaman informasi ayeuna téh asal-usulna tina inovasi India—kalebet angka nol…. Tibatan kabagi-bagi ku paséa, anjeun nunjukkeun yén kakuatan India—sanes ukur nagarana, tapi gagasan India—nyaéta kamampuhan pikeun narima sagala warna, kasta jeung kapercayaan… Ieu téh kabeungharan ageman anu kungsi dipuji ku saurang tamu ka kota abdi, Chicago, leuwih ti saratus taun ka tukang—nya éta Swami Vivekananda anu kasohor…. India henteu ngan ukur muka pikiran urang, tapi ogé ngalegaan imajinasi moral urang. Kalawan kitab-kitab ageman anu nepi ka ayeuna masih ngajak jalma-jalma pikeun hirup kalawan harga diri jeung kadisiplinan. Kalawan saurang panyair anu ngabayangkeun mangsa hareup “di mana pikiran bébas tina sieun jeung sirah nangtung jangkung”—sareng kalawan saurang lalaki anu pesenna ngeunaan kanyaah jeung kaadilan masih hirup—Bapa bangsa anjeun, Mahatma Gandhi.
Barack Obama. Dicutat tina Gewali, Salil (2013). Great Minds on India. New Delhi: Penguin Random House.
"Masa depan masihan pangajén pikeun anu terus maju. Abdi teu boga waktos pikeun hanjakal ka diri sorangan. Abdi ogé teu boga waktos pikeun ngeluh."
“Masa depan dunya Arab ditangtukeun ku rahayatna sorangan.”
“Ku unggal lampahna, pamaréntah Muammar Qaddafi geus ngalanggar nilai susila umum jeung norma internasional, sarta kudu dipertanggungjawabkeun.”
“Pamaréntah Libya terus ngalanggar hak asasi manusa, ngalakukeun kalakuan kasar ka rahayatna, sarta ancaman ieu geus micu kutukan anu kacida teuas jeung lega ti masarakat internasional.”
“Manéhna téh jalma anu pinuh ku kakuatan jeung boga bakat anu gedé.”
“Indonésia geus maénkeun peran gedé di forum internasional dina sababaraha taun ka tukang sarta urang ngasuh (nyambut) pisan kana peran ieu.”
“Nepika kana tingkat anu saur abdi cukup ngaganggu, kalawan ngaluarkeun pernyataan anu henteu didukung ku fakta-fakta.”
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis // hiji jangji pasini na rasmining wanci // mangsa samoja jongjon kembangan // duh eulis, langit lénglang // angin rintih dina ati, aduh
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung // aya jangji pasini nu henteu ngajadi // mangsa samoja geus ngarangrangan // duh ieung, langit angkeub // samagaha dina haté, duh
Ayeuna kantun waasna, jungjunan // lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan // kamari nu pamit, kamari nu pamit // datang deui na kalangkang
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan // lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan // kamari nu leungit, kamari nu leungit // rék lebeng mo deui datang.
Sariak Layung
Sariak layung di gunung // iber pasini patepung lawung // teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung // eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung // jalan satapak rarambu leuweung // kumalangpang ronghéap nu kapitineung // eeh, ronghéap nu kapitineung, duh
Surya surup layung hibar // ka tanjakan sawangan diumbar // geus ngolébat, ieuh, samar-samar // hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang // katitipan haréwos kamelang // tawis deudeuh, ieuh, nu maranti // sungkeman kahéman saranggeuy malati.
Wengi Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun // Diaping ku indung peuting // Lalaunan ngalayangna // Sukma ninggalkeun jasadna
Emh aduh sukma ninggalkeun jasadna // // Ngalayang ka awang-awang // Rék nepangan ka nu tebih // Nepungan ka urang gunung // Malati di pinggir pasir // Kakara pisan ligarna // Kapendakna tacan lami // Katuruban dangdaunan // Kaheumpikan nagasari
Kembang diburu dirungrum // Sawengi henteu kawangi // Patapan henteu kalénglang // Raraosan mah sawarsi // Emh aduh raraosan mah sawarsi
Hawar-hawar sora hayam // Ciri parantos janari // Nu nyumput téh humarurung // Teungteuingeun milik diri // Harianeun teuing kadar // Misahkeun anu keur asih // Kembang nganggo dihalangan // Ditundung ku indung peuting
Gunung geus aya di pungkur // Indit hate mah murilit // Duuuh indit hate mah murilit
Miang gé da sumoréang // Parangtritis kapiati // Aduh Enung pileuleuyan // Wengi énjing tepang deui // Duh aduh wengi énjing tepang deui.
Kalau dulu saya mengatakan DPR TK (Taman Kanak-kanak –red), sekarang malah playgroup.
Kemajemukan harus bisa diterima, tanpa ada perbedaan.
Tidak boleh lagi ada pembedaan kepada setiap warga negara Indonesia berdasarkan agama, bahasa ibu, kebudayaan serta ideologi.
Kalau sekarang ini ada yang menjelekkan nama Islam, kita didik agar membawa nama Islam yang damai.
Seolah-olah Islam diwakili oleh mereka yang keras-keras itu. Enggak bener.
Guyonan CIA di Indonesia sudah tidak ada teroris lagi, karena semua teroris sudah jadi menteri.
Jadinya kita menjadi bangsa yang jadi bahan tertawaan orang. Masak Timor Leste yang kayak itu saja mereka bisa permainkan kita.
Kita ini celaka. 70 persen tanah air kita laut, tetapi garam saja impor. Kalau bodoh sih gak apa-apa, tapi kalau disengaja kok bodoh. Saya tahu impor setiap satu ton dapat 10 dolar. Jadi impor itu hanya menguntungkan yang impor saja.
Suatu kaum atau seseorang yang hidupnya penuh kebencian dan permusuhan tak akan pernah tenang, terhormat dan berjaya selain hina dan menderita.
Jika kita memelihara kebencian dan dendam, maka seluruh waktu dan pikiran yang kita miliki akan habis dan kita tidak akan pernah menjadi orang yang produktif.
Masalah paling besar bangsa ini bukanlah karena kurangnya tanah lapang, namun karena kurangnya hati-hati yang lapang
Kekurangan orang lain adalah ladang pahala bagi kita untuk memaafkannya, mendoakannya, memperbaikinya, dan menjaga aibnya.
Ketika kita merasa berjasa sedang orang lain merasa terhinakan, itu pertanda kita tengah gagal. Sukses itu juga diukur lewat kebersamaan.
Bertekadlah bahwa hidup yang sekali-kalinya ini tidak akan pernah merampas hak kebahagiaan dan ketenangan orang lain.
Timothy Francis Leary (22 Oktober 1920 – 31 Méi 1996) téh saurang panulis, psikolog, aktipis panalungtikan jeung pamakéan ubar psikedelik ti Amérika, ikon kabudayaan tandingan taun 1960-an, jeung desainer piranti lunak komputer. Anjeunna pangsohorna minangka panyokong mangpaat terapi jeung spiritual tina LSD. Dina taun 1960-an, anjeunna ngawangun sarta nyebarkeun ungkara kasohor: "Turn on, tune in, drop out."
Urang sok ngingetan ka batur: Ulah nginum LSD lamun can bener-bener siap, iwal lamun geus bener-bener disiapkeun pikeun leupas tina pikiran sorangan. Ulah nginum lamun teu aya nu geus boga pangalaman pikeun nungtun hidep ngaliwatan éta. Jeung ulah nginum lamun can siap narima parobahan anu radikal dina cara hidep nempo diri jeung kahirupan hidep, sabab hidep bakal jadi jalma nu béda, jeung kudu siap nyanghareupan kamungkinan ieu.
CBC Documentary: How To Go Out of Your Mind: The LSD Crisis (1966)
Abdel Aziz al-Rantissi
Dr. Abdel Aziz al-Rantissi (basa Arab: عبد العزيز علي عبد المجيد الحفيظ الرنتيسي; 23 Oktober 1947 – 17 April 2004) nyaéta salah sahiji nu ngadegkeun militér Islam Paléstina jeung organisasi pulitik Hamas. Anjeunna jadi pupuhu pulitik Hamas ogé jadi juru carios di Jalur Gaza sanggeus Israél maéhan pamimpin spiritualna, Syekh Ahmad Yassin, sanajan misahkeun antara sayap pulitik jeung militér Hamas ku sabagian jalma disebut teu resmi. Saperti kalolobaan anggota Hamas, Rantissi nolak kompromi jeung Israél sarta nyorakeun kamerdikaan sakabéh daérah Paléstina (kaasup sakabéhna Israél) ngaliwatan jihad ngalawan Israél.
“Jalma-jalma Israél moal kungsi nyaho kaamanan. Urang bakal merangan maranéhna nepi ka kamerdikaan Paléstina, sakabeh Paléstina.”
“Sakabéh taneuh Paléstina téh bagian tina kayakinan Islam, sarta Khalifah Umar bin al-Khattab kungsi ngumumkeun éta pikeun sakumna Muslim. Ku kituna, teu aya saurang atawa sakelompok jalma anu miboga hak pikeun ngajual atawa ngasrahkeunana.”
“Urang nyaho yén Bush téh musuh Allah, musuh Islam, jeung musuh urang Muslim. Amérika geus ngumumkeun perang ngalawan Allah, [perdana menteri Israél] Sharon geus ngumumkeun perang ngalawan Allah, sarta Allah ogé geus ngumumkeun perang ngalawan Amérika, Bush jeung Sharon.”
Ferry Irwandi (lahir 16 Désémber 1991) nyaéta saurang kreator kontén, aktivis, jeung influencer média sosial asal Indonésia. Anjeunna dipikawanoh ku kontén ngeunaan politik, kauangan, filsafat, jeung sosial, ogé minangka pangadeg Malaka Project.
“Saya banyak ketakutan di dunia ini, tapi dua hal yang tidak saya takuti, mati dan dipenjara.”
“Abdi gaduh seueur kasieun dina dunya ieu, tapi aya dua hal anu henteu ku abdi dipikasieun: maot jeung dipenjara.”
“Saya takut istri saya melihat saya tidak ganteng lagi, saya takut anak saya lupa sama saya, saya takut anak saya tinggal di negara yang tidak benar, dan saya takut anak saya tinggal di negara yang miskin.”
“Abdi sieun pamajikan abdi ningali abdi teu ganteng deui, abdi sieun anak abdi mopohokeun ka abdi, abdi sieun anak abdi hirup di nagara anu teu bener, jeung abdi sieun anak abdi hirup di nagara anu miskin.”
“Kuatkan diri, negara ini, rakyat ini, punya hak sepenuhnya untuk memiliki pemerintahan, aturan dan penegakan hukum yang lebih baik.”
“Kuatkeun diri, nagara ieu, rahayat ieu, boga hak sapinuhna pikeun miboga pamaréntahan, aturan, jeung panegakan hukum anu leuwih hadé.”
“People shouldn’t be afraid of their goverments, goverments should be afraid of their people.”
“Jalma teu kudu sieun ka pamaréntahna, sabalikna pamaréntah kudu sieun ka rahayatna.”
“Terorganisir, kepala kita harus dingin. Dan tetap utamakan kepentingan dan hak-hak warga.”
“Sing terorganisir, pikiran urang kudu tiis. Jeung tetep utamakeun kapentingan jeung hak-hak warga.”
“Saling jaga, saling lindungi! Kita tinju ke atas bukan ke samping! Negara ini layak untuk dapat pemerintahan yang lebih baik. Negara ini layak untuk dapat perwakilan yang lebih baik.”
“Saling jaga, silih lindungi! Urang nabrak ka luhur, lain ka gigir! Nagara ieu pantes meunang pamaréntahan anu leuwih hadé. Nagara ieu pantes meunang perwakilan anu leuwih hadé.”
“Kalau pemerintahan berjalan dengan baik, kekacauan ini semua tidak akan terjadi.”
“Lamun pamaréntahan jalan kalayan hadé, sagala kacau ieu moal kajadian.”
“Penjahatnya bukan kita, tapi mereka! Yang membakar bukan kita, tapi mereka! Revolusi! Revolusi! Revolusi!
“Nu jadi penjahat téh lain urang, tapi maranéhna! Nu ngaduruk lain urang, tapi maranéhna! Révolusi! Révolusi! Révolusi!”
“Punya rakyat sebaik ini, punya Masyarakat sebagus ini, malah sibuk dengan ancaman asing, malah sibuk benturkan kekuasaan satu dengan yang lain.”
“Ngagaduhan rahayat anu saalus ieu, masarakat anu sakitu hadéna, malah sibuk ku ancaman asing, malah sibuk ngabenturkeun kakawasaan hiji jeung anu séjén.”
“Sebodoh-bodohnya pertanyaan itu lebih baik daripada tidak bertanya. Mindset bertanya itu tanda ketidakmampuan, ketidakmampuan itu hal yang memalukan, dan ini adalah sesuatu yang salah. Akhirnya kita memilih untuk diam, jadilah Indonesia seperti sekarang.”
“Sakumaha ogé bodona hiji patarosan, éta leuwih hadé tibatan teu nanya. Mindset nanya dianggap tanda teu mampuh, padahal teu mampuh téh dianggap hal anu matak isin, jeung éta téh pamadegan anu salah. Tungtungna urang milih cicing, jeung jadina Indonésia sapertos ayeuna.”
Martin Luther King, Jr. (Januari 15, 1929 - April 4, 1968) nyaéta menteri Baptis Amérika, dokter, aktivis hak-hak sipil, jeung anu nampa Hadiah Perdamaian Nobel 1964. Anjeunna salaki Coretta Scott King, jeung bapana Yolanda King sarta Martin Luther King III.
"Kecerdasan ditambah karakter mangrupikeun tujuan pendidikan anu leres ."
"Nonkakerasan mangrupakeun jawaban kana patarosan pulitik jeung moral anu penting dina waktu urang: kabutuhan manusa pikeun nyanghareupan panindasan jeung kakerasan tanpa maké panindasan jeung kakerasan. Kamanusaan kudu nyieun cara pikeun nungkulan sagala konflik manusa nu nolak dendam, agrési, jeung wawales kanyeri. Pondasi jalan éta nyaéta cinta."
"Kateuadilan anu lumangsung di mana waé mangrupakeun bahaya pikeun kaadilan dimana-mana."
"Urang kudu hirup bareng minangka dulur, atawa musnah bareng minangka jalma bodo."
"Élmu nalungtik, agama naksirkeun. Élmu méré kakuatan ka manusa, agama méré wijaksana pikeun ngadalikeunana."
"Kamerdikaan téh lain dibikeun sakadar ku nu nindes, ku kituna nu katinggaleun kudu merjuangkeunana."
"Teu aya pagawean anu beurat, sabéhanana pagawean anu pangbeuratna bakal karasa hampang lamun teu dikerjakeun."
"Ukuran pangluhurna saurang lalaki lain di mana manéhna nangtung dina mangsa nu aman jeung ngarasa betah, tapi di mana manéhna nangtung dina mangsa nu pinuh ku tantangan jeung kontrovérsi."
"Jalma hade kudu nyarita jeung nyieun lampah. Cicingeunana jalma-jalma hade leuwih goréng tibatan kalakuanana jalma jahat."
"Sing saha anu miharep kahirupan dunya, mangka kudu dibarengan ku élmu. Jeung sing saha nu miharep kahirupan ahérat kudu dibarengan ogé ku élmu."
"Ngaji jeung lenyepan saméméh anjeun nampa jabatan, lantaran mun anjeun geus nampa mah, mangka taya deui kasempetan pikeun anjeun ngaji sarta ngalenyepanana."
"Pagawéan nu pangbeuratna téh aya tilu: Sikep béréhan nalika kaayaan sarwa sulit, Ngajauhan dosa mangsa keur sorangan, Ngucap bener di hareupeun jalma nu dipikasieun."
"Kahadéan téh aya dina lima perkara: kabeungharan haté, sabar kana kagoréngan batur, nyiar rizki halal, taqwa, jeung yakin kana jangji Gusti Allah."
"Pilar kapamingpinan téh aya lima : ucapan nu bener, nyimpen rusiah, nyumponan jangji, salawasna méré tetekon tur bisa amanah."
"Jalma nu ngaji élmu faroid, jeung nepi kana ijajahna, mangka bakal onjoy minangka jalma ahli ngitung. Anapon élmu hadits, éta bakal bijil ajén kabarokahan sarta kahadéanna dina mangsa tutup umur. Anapon ilmu fiqih, éta mah mangrupa élmu nu lumaku pikeun sakum yuswa boh ngora boh kolot, lantaran fiqih mah mangrupa dadasar ti sagala élmu."
"Saumpama kuring ditakdirkeun bisa ngahuapan élmu ka anjeun, pasti ku kuring anjeun dihuapan ku élmu."
"Sing saha jalma nu ngaku bisa ngabarungkeun dua cinta dina haténa, cinta kana dunya sarta sakaligus cinta ka Allah, mangka éta jalma geus ngabohong."
"Mun aya jalma nu rék ngajual ieu dunya ka kuring saharga sapotong roti, pasti kuring moal hayang meulina ogé."
"Kamajuan urang minangka bangsa teu bisa leuwih gancang tibatan kamajuan urang dina atikan. Pikiran manusa téh sumber daya dasar urang nu paling penting.
Dicutat dina Kasali, Rhenald (2019) Sentra: Membangun Kesadaran dan Kemampuan Anak Sejak Usia Dini, Demi Masa Depan yang Cemerlang. Jakarta Selatan: Penerbit Mizan. Hlm. 89. ISBN 978-602-441-130-5.
"Kuring percaya yén nagara ieu kudu terus ngupayakeun pikeun ngahontal tujuan nyieun jejak suku manusa di Bulan sarta mawa balik kalayan salamet ka Bumi saméméh dasawarsa ieu réngsé. Euweuh proyék antariksa salila periode ieu anu bakal leuwih matak kagum ka manusa atawa leuwih penting pikeun panalungtikan antariksa jangka panjang; sarta euweuh proyék séjén anu bakal leuwih hésé atawa leuwih mahal pikeun kahontal."
"Manusa kudu ngeureunkeun perang atawa perang anu bakal ngeureunkeun manusa."
"Kabébasan teu bisa ditingali sacara misah; nalika saurang jadi budak, nu séjénna ogé teu miboga kabébasan. Nalika kabéh jalma miboga kabébasan, urang bakal bisa ngahontal poé éta nalika kota ieu bakal ngahiji jeung nagara ieu katut Benua Éropa anu hébat ieu dina dunya anu tentrem tur pinuh harepan. Nalika poé éta datang, jeung pasti bakal datang, warga Bérlin Wétan bakal ngarasa puas sabab maranéhna geus di barisan hareup salila méh dua dasawarsa. Sakumna manusa anu miboga kabébasan, di mana waé maranéhna ayana, nyaéta warga Bérlin, sarta ku kituna, salaku hiji jalma anu miboga kabébasan, kuring kalayan reueus bisa nyebut 'Ich bin ein Berliner (Kuring téh urang Bérlin)'."
"Jalma anu néangan kakawasaan ku ngagunakeun maung bakal nepi ka ajalna dina beuteung maung."
"Ulah naroskeun naon anu nagara méré ka maneh, tapi naroskeun naon anu maneh méré ka nagara!"
"Bener atawa salah éta nagara urang."
"Ulah pernah négosiasi lantaran sieun, tapi ulah sieun pikeun négosiasi."
Ayang-ayang gung // gung goongna ramé // ménak Ki Mas Tanu // nu jadi Wadana // naha manéh kitu // tukang olo olo // loba anu giruk // ruket ka kumpeni // niat jadi pangkat // katon kagoréngan // ngantos Kanjeng Dalem // lempa lempi lempong // ngadu pipi jeung nu ompong (jalan ka Batawi ngemplong).
Wawacan Panji Wulung
Pangkur
Seja nyaba ngalalana
ngitung lembur ngajajah milangan kori
henteu puguh nu dijugjug
balik paman sadaya
nu ti mana tiluan semu rarusuh
lurah bégal ngawalonan
aing ngaran Jayapati.
Bubuka
Rebun-rebun halimun pasusun-susun // rarimbunan tatangkalan // wawangunan jeung kakayon siga disangsangan kasang // sasampayan boéh rarang.
Raong hayam kongkorongok, sorana palambat-lambat // ti langit beulah wétan marabat pating arudat – balebat // cét manuk disarada, manuk cacing cangkurileung // témbalan jeung saéran, ngabagéakeun katineung: Ayana ngagebur hurung.
Kinanti
Gunung-gunung semu ngungun // pasir siga nu prihatin // alum sugri tatangkalan // kawas nu marilu sedih // mangnineungkeun ka ajengan // rék ditilar ku kakasih.
Biheung bulan biheung taun // iasa patepang deui // jeung anu rék ngalalana // indit sepi nu disungsi // angkat samar nu ditéang // sumangsang ka kersa Gusti.
Maskumambang
Aduh Gusti naha kaniaya teuing // teu aya rasrasan // sim abdi dituding-tuding // ngalampahkeun kahinaan
Biheung teuing moal kumelendang deui // kabawa ku kadar // katarik ku milik diri // unggah ka balé watangan
Tapi najan buang jauh gantung tinggi // tetep nya percaya // kana kaberesihan diri // da henteu rumaos dosa
Ngan sakadar enggeus némbongkeun kaasih // ngambat sipat anak // bijil tina ati suci // medal tina kaweningan
Sugan tea mah moal dibeuli ku pati // ditumpang ku nyawa // duh Gusti Robbul Idjati // mugi kersa nangtayungan