Paribasa Sunda NY
Loncat ke navigasi
Loncat ke pencarian
NY[édit]
- "Nya di hurang nya dikeuyeup."
- "Nya ngagogog nya mantog."
- "Nya picung nya hulu maung."
- "Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah."
- "Nyair hurang meunang kancra."
- "Nyaliksik ka buuk leutik."
- "Nyalindung ka gelung."
- "Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang-walang."
- "Nyanghulu ka jarian."
- "Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang."
- "Nyeri beuheung sosonggeteun."
- "Nyeungeut damar di suhunan."
- "Nyeungseurikeun upih ragrag."
- "Nyiar batuk piaraheun."
- "Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu."
- "Nyieun catur taya dapur."
- "Nyieun heuleur jeroeun huma."
- "Nyieun pucuk ti girang."
- "Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait."
- "Nyiuk cai ku ayakan."
- "Nyium bari ngégél."
- "Nyokot lesot ngeumbing porot."
- "Nyolok mata buncelik nganyenyeri."
- "Nyuhun nanggung ngélék ngégél."
- "Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju."
- "Nyukcruk walungan mapay-mapay wahangan."